Lembur Salawé Pangeusina Teu Meunang Leuwih ti 25 Tugu

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Ngaranna Lembur Salawé alias dua puluh lima. Lantaran di éta lembur pangeusina ngan aya 25 tugu (kepala keluarga/KK). Ti baheula éta téh. Teu meunang leuwih atawa kurang ti salawé.

Lembur Salawé perenahna di Dusun Tunggulrahayu, RT 24, RW 09, Desa Cimaragas, Kacamatan Cimaragas, Kabupaten Ciamis. Aya di jalan alternatif Cimaragas nu tujul ka Kota Banjar, di ruas Jalan Tasikmalaya – Manonjaya – Cimaragas – Banjar.

Di dinya aya mitos, anu diandel tur dikeukeuhan ku masarakatna. Upama di Lembur Salawé padumukna leuwih ti 25 tugu, sok aya anu gering, malah tepi ka maotna. Anu matak upama rék nambahan deui imah téh, kapaksa nyieun di luareun lemburna.

Baca Juga:  Demokrat Jabar Tolak Rencana Pemerintah Pungut Pajak Sembako dan Pendidikan

Teu jauh ti Lembur Salawé aya titinggal sajarah anu katelah situs Sang Hyang Maharaja Cipta Permana Prabudigaluh Salawe, raja ti Karajaan Bojong Galuh Salawé, anu raket patalina jeung Lembur Salawé.

Nurutkeun sesepuh Lembur Salawé, Latif Adiwijaya, anu katelahna Abah Latif, asal-usul Lembur Salawé téh aya dina urut Karajaan Galuh Salawé anu geus tilem. Tuluy dibukbak atawa dibabad alas, anu saluyu jeung ngaranna Lembur Salawé, ngan dieusian ku 25 tugu.

“Jadi, mun leuwih ti 25 tugu bakal aya nu maot. Sarta teu meunang kurang ti 25 tugu deuih, sabab sok aya mamalana. Bisi teu percaya mah, pék wé cobaan,” ceuk Abah Latif sawatara waktu ka tukang.

Baca Juga:  Pekerja Batubata Sergai Temukan Granat Diduga Peninggalan Zaman Belanda

Intina mah urang dinya ngeukeuhan tradisi anu geus lumangsung ti baheula. Nyonto sarta ngeunteung kana kajadian nu enggeus-enggeus, taya anu wani ngarempak tradisi.

Anu matak mun aya warga anu ngawangun kulawarga anyar atawa rék nyieun imah anyar, kudu di luar Lembur Salawé.

Aya sawatara tempat anu sok dijadikeun lokasi padumukan urang Lembur Salawé. Tempatna, teu jauh ti dinya mah. Upamana baé di Babakan Cikondang, Lembur Pajatén, Lembur Pasurudan, Lembur Cipancur, jeung Lembur Pancawarna.

Baheula mah umumna imah di Lembur Salawé téh imah panggung. Tapi kiwari geus aya imah satengah permanén jeung imah témbok permanén. Lebah dinyana mah teu jadi masalah, asal ulah nambahan atawa ngurangan imah baé.

Baca Juga:  Payung Hukum Konvergensi Media Digital Belum Jelas, Media Konvensional Tetap Jadi Rujukan

Abah Latif nétélakeun Lembur Salawé kungsi kosong, lantaran ampir sakabéh wargana garering. Ari sababna Kepala Desa harita ngarempak norma adat anu aya di Lembur Salawé. Malah cenah ngaruksak cagar budaya.

Di Lembur Salawé ogé aya tradisi Misalin, anu dilaksanakeun sataun sakali, dina mangsa mapag bulan Puasa. Dilaksanakeun minangka tatan-tatan pikeun susuci enggoning ibadah salila bulan Puasa (Ramadan).

“Nepi ka ayeuna tradisi Misalin masih kénéh dilaksanakeun, sarta bakal bakal terus dimumulé nepi ka iraha baé ogé,” ceuk Abah Latif. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah