Pasir Nagara Cina, Poténsi Wisata Sajarah anu Dileungitkeun

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Pasir Nagara Cina téh wewengkon anu aya di tutugan Gunung Burangrang. Sacara administratif kaasup ka Kacamatan Wanayasa jeung Kiarapedes, Kabupatén Purwakarta.

Perenahna di wétaneun Kampung Cileungsing Wétan. Tempatna luhur. Lamun seug cicing di dinya, katénjo mayakpakna Wanayasa jeung sabudeureunana téh.

Teu jauh ti dinya, aya Guha Jepang, anu kakara sawatara taun kaliwat kapanggih tur kiwari geus dijadikeun obyék wisata. Atuh kiduleunana, aya Curug Cimanahrasa; ari kaléreunana aya Curug Cipurut.

Kiwari Pasir Nagara Cina geus jadi tempat wisata alam. Ngaranna diganti jadi Pasir Langlang Panyawangan, anu leuwih populér disebut Ujung Aspal ku masarakat mah.

Ngaran Pasir Langlang Panyawangan ngan ukur ngeunah kadéngéna, tapi teu nyambung jeung sajarahna. Lebar wé, ngaleungitkeun poténsi wisata sajarah anu aya di Pasir Nagara Cina.

Pasir Nagara Cina, ku urang Wanayasa mah sok disebut Garacina, diala gampangna baé; saéstuna mibanda sajarah anu kawilang penting pikeun perkebunan entéh mah. Lain wungkul di Tatar Sunda, tapi di Indonésia deuih.

Malah upama téa mah hayang nyieun samodél “Monumen Entéh Nasional”, sageuy mun aya nu nyebut lahuta téh. Da jeung aya buktina éta mah. Bukti kalawan nyata, lain carita rékaan jalma ngalindur.

Baca Juga:  SIM Keliling Polrestabes Bandung Sabtu, 23 Februari 2019

Disebut Pasir Nagara Cina, lantaran baheulana kungsi jadi padumukan bangsa Cina Makao. Naon patalina jeung perkebunan entéh? Raket pisan.

Cina Makao maratuh atawa dipatuhkeun di Pasir Nagara Cina téh pikeun muka perkebunan entéh di Wanayasa. Lantaran bangsa urang harita can aya nu bisaeun melak entéh.

Ngaranna ogé perkebunan entéh nya, piraku anu dipelakna tangkal kopi. Sangkan puguh éntép-seureuhna, urang pedar ti awalna baé.

Tangkal entéh téh asalna ti Nagri Cina. Mimiti diwanohkeun di Éropah kira-kira taun 1595 ku Jan Huijghen van Linschoten. Anu mimiti mawa ka Indonésia nya éta urang Jérman anu ngaranna Andreas Cleyer. Ari anu dibawana siki entéh ti Jepang.

Mimitina mah dipelak pikeun hiasan di Taman Istana Gupernur Jéndral Camphuijs di Jakarta. Urang Walanda sababaraha kali nyoba-nyoba melak entéh di sabudeureun Batavia, tapi hasilna dianggap kurang nyugemakeun baé.

Kakara tahun 1826, entéh bisa dipelak kalawan mulus di Kebon Raya Bogor. Sataun ti harita, taun 1827, Jacobus Isidorus Loudewijk Levian Jacobson, ahli entéh Pamaréntah Hindia Walanda (da VOC alias Kumpeni mah geus dibubarkeun taun 1799), nyieun kebon entéh percobaan di Cisurupan (Garut) jeung di Wanayasa (Purwakarta).

Baca Juga:  Rumah Warga Desa Lemahabang Cirebon Digeledah Tim Densus 88, Ada Apa?

Ari kebon entéh percobaan anu di Wanayasa, perenahna di Pasir Nagara Cina. Duka kabeneran, duka lain; di deukeut Pasir Nagara Cina aya tempat anu ngaranna Cisurupan. Ku urang dinya mah disebutna téh Blok Cisurupan, anu kiwari mangrupa pasawahan.

Kebon percobaanana anu di Wanayasa kawilang suksés. Anu matak, taun 1828, Si Jacobson melak entéh gedé-gedéan di Wanayasa (Purwakarta) jeung di Raung (Banyuwangi).

Kebon entéh anu di Wanayasa manjang ngulon-ngétan ti Pamundayan nepi ka Parakanceuri di sisi Walungan Cilamaya. Ka kidulna nepi ka Sindangpanon, ari ka kalérna nepi ka wewengkon Kiarapedes ayeuna. Legana ngurung tilu kacamatan ayeuna.

Kebon entéh di Wanayasa kaitung mulus banglus. Munasabah upama dijadikeun modél pikeun muka perkebunan entéh di sawatara tempat téh. Lain wungkul di Tatar Sunda, tapi ogé di sakuliah Tanah Hindia deuih.

Teu saeutik botanikus (ahli tutuwuhan) bangsa Éropah anu ngahaja datang ka Wanayasa, ngalanglang bédéng-bédéng entéh Pasir Nagara Cina, bari sakalian nalungtik tutuwuhan séjénna. Kaasup Christian Heinrich Macklot, anu harita mah masih kénéh jadi botanikus, can jadi tentara. Inyana laha-loho ka Pasir Nagara Cina taun 1831.

Baca Juga:  Robert Albert Ungkap Waktu yang Tepat Bergulirnya Kompetisi Liga 1

Engkéna Macklot téh jadi komandan tentara Belanda di Priangan, anu harita mah markasna di Wanayasa. Macklot maot di Dawuan basa aya reuweuh-reuweuh Cina Makao di Purwakarta taun 1832.

Ari kopi, harita mah geus mimiti nyirorot hargana di Éropah. Gagantinya nya éta entéh. Disambung ku produk tatanén séjénna saperti gula, kina, jeung karét.

Komo sabada taun 1830, Gupernur Jendral Johannes van den Bosch ngaluarkeun aturan anu disebut Culturstelsel mah. Aturan anu kacida nguntungkeunana ka Pamaréntah Hindia Walanda, tapi matak sangsara balangsak kabina-bina ka bangsa urang, utamana mah keur rahayat leutik.

Anu matak, upama téa mah di Pasir Nagara Cina aya “Monumén Entéh”, lain ngan saukur pikeun pangéling-ngéling mimiti ayana perkebunan entéh di urang. Aya nu leuwih penting ti éta, pikeun pangéling-ngéling kumaha sangsara balangsakna dijajah deungeun-deungeun.

Utamana mah keur rahayat leutik. Kumaha ripuhna upama sual ékonomi diatur ku deungeun-deungeun, pikeun kapentingan deungeun-deungeun deuih. Ari urang ukur kabagéan, boa pépérétna ogé lain. Ukur bisa aku-aku angga: alamna beunghar, tanahna subur mahmur, gemah ripah loh jinawi. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah