Sawo Walanda Majang di Sapanjang Jalan Cipatat

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Mun urang numpak kandaraan ti Padalarang ka Cianjur, pasti ngaliwatan nu daragang sawo walanda. Ngajajar kénca-katuhueun jalan. Tempatna di Kampung Margaluyu, Désa Citatah, Kacamatan Cipatat.

Mimitina mah taun 2000, aya hiji kios anu ngajual sawo walanda. Ku lantaran payu, antukna mah loba baé anu daragang sawo walanda di dinya téh. Nepikeun ka bisa disebutkeun séntra sawo walanda.

Pasti loba nu teu apal kana sawo walanda. Sawo walanda téh sesebutan bangsa urang, pédah tangkalna sok aya di hareupeun gedong-gedong titinggal Walanda. Ari ngaran anu sabenerna mah buah alkésa. Sabangsa sawo, ngan buahna leuwih gedé ti sawo. Lamun geus asak, kulitna konéng umyang, rasana amis kareueut.

Baca Juga:  Jelang Ramadan, Polri Terjunkan Satgas Pangan Pantau Harga Bahan Pokok

Sawo walanda alias alkésa asalna ti Guatemala, Amérika Kidul. Asupna ka urang lantaran dibawa ku urang Walanda sarta sok dipelak di pakarangan imahna. Nepi ka kiwari éta téh.

Umumna anu melak sawo walanda, di pakarangan imah baé. Naha henteu dipelak di kebon?

Kungsi cenah éta ogé aya anu melak di kebon, tapi tangkalna kalah ka layu, tuluy paéh. Kudu tulatén ngurusna, teu beunang dilur-jeunkeun melak sawo walanda mah.

Baca Juga:  Oknum Pejabat BPN Diduga Terima Uang Ratusan Juta Terkait Kasus Mafia Tanah

Ari kahayangna dipelak dina tanah anu subur sarta hawana tiis. Lamun dipelak di pakarangan mah, bisa karoris unggal waktu.

Ku lantaran payu téa, ayeuna ogé geus réa urang Cipatat anu melak sawo walanda. Ngan umumna melak di pakarangan imahna baé, opat-lima tangkal.

Kiwari mah urang Cikalongwétan ogé geus loba anu melak sawo walanda. Méh unggal imah di Cikalongwétan melak tangkal sawo walanda di pakarangan imahna.

Ari sawo walanda aya usumna henteu?

Tah, ieu unggulna sawo walanda téh. Taya usumna, hartina bisa buahan unggal mangsa. Teu béda ti pala lebah dinyana mah.

Baca Juga:  Ini Program 100 Hari Kerja Bupati dan Wabup di RSUD Cianjur

Anu matak anu daragang sawo walanda di Citatah mah, tara kakurangan jualeun. Sok baé aya anu ngirim sawo walanda ka kiosna. Malah unggal kios geus boga langganan masing-masing.

Langganan anu ngirim sawo walanda keur gumonéng. Nyaéta sawo walanda anu rék maju ka asak, maksudna supaya henteu téréh buruk dina mangsa didagangkeunana.

Sawo walanda dijualna sabeungkeut-sabeungkeut. Sabeungkeutna aya 10 – 12 siki. Loba mobil atawa motor anu areureun, ngahaja rék meuli sawo walanda. Komo mun pareng peré mah. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.