Yu, Melak Tangkal Kawung anu Loba Mangpaatna

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Urang Sunda mah geus pasti moal bireuk deui kana tangkal kawung téh. Salasahiji tangkal anu kawilang loba guna jeung mangpaatna.

Tangkal kawung bisa jadi di mana baé, dina tanah anu kumaha baé. Ngan nya éta, jadina teu jeung aturan.

Umumna tangkal kawung di urang, tangkal anu jadi sorangan, teu dipelak. Sok disebut tangkal pelak careuh, sabab jadina tina siki kawung (caruluk) anu ngaliwatan beuteung careuh.

Caruluk dihakan ku careuh, tuluy dipodolkeun bari sikina mah angger tingguruntul, bareng jeung podol careuh. Di mana baé clona, tah di dinya jadina tangkal kawung téh.

Baheula éta mah.

Tapi kiwari mah geus aya anu bisa ngabibitkeun kawung, langsung tina sikina (carulukna). Teu kudu ngaliwatan bujur careuh heula, alpukahna Institut Pertanian Bogor (IPB).

Baca Juga:  Kasus Covid-19 Diklaim Terkendali, Bioskop di Bandung Mulai Beroperasi

Malah taun kamari (2019) mah, IPB keur ngabinihkeun jutaan tangkal kawung. Mun aya anu butuh, bisa langsung meuli binihna ka Fakultas Pertanian (Faperta) IPB.

Yu, ah urang melak tangkal kawung.

Tangkal kawung mémang tangkal anu loba mangpaatna. Ampir sakabéh babagianana kapaké, atawa bisa dimangpaatkeun.

Lahangna, anu bijil tina leungeun kawung, bisa dijieun gula beureum, cuka, atawa tuak. Malah bisa dipaké pikeun bahan éthanol.

Atuh pamagasanana, bisa diparabkeun ka embé atawa domba. Beukieun pisan embé jeung domba mah. Matak alus kana dagingna deuih.

Carulukna (buah kawung), bisa dijieun cangkaléng. Kadaharan anu kacida payuna dina bulan Puasa. Malah ceuk sakaol mah, cangkaléng anu haneut kénéh, bisa dipaké ubar nyareri awak jeung nyeri cangkéng.

Baca Juga:  Seorang Pria Terjebak Di Kota Hantu saat Karantina Covid-19

Daunna anu ngora, baheula mah sok dipaké daun kawung keur ngalinting bako molé. Komo bako tampang mah, da kurang afdol mun teu dilinting ku daun kawung téh.

Daunna anu kolot bisa dipaké hateup saung atawa dianyam dijieun calongcong. Ari balukangna bisa dipaké suluh. Ari urat daunna (nyéréna) bisa dipaké sapu nyéré atawa rupa-rupa anyaman.

Injukna bisa dipaké hateup imah atawa saung. Mun teu kitu dijieun tambang. Injuk ogé bisa dipaké pikeun ngahérangkeun cai kiruh. Copélna, bisa dipaké cocok liang cai di balong.

Harupatna, bisa dijieun seumat.

Kawulna, anu siga lukut warna coklat, baheula mah sok paké lunglum keur neurakkeun seuneu tina panékér. Ayeuna mah geus euweuh panékérna ogé.

Ruyungna (bogorna), alus dipaké rupa-rupa parabot imah, gagang pacul, pérah bedog, iteuk, jsb. Ayeuna mah geus loba anu nyieun rupa-rupa karajinan tina ruyung. Malah kaasup tohaga upama dipaké jambatan téh.

Baca Juga:  Soal Kasus Asusila Pengurus Gereja, Polisi Telusuri Korban Baru

Tangkalna anu geus kolot sok diala acina, dijieun aci kawung. Malah kembangna ogé anu disebut pengis, baheula mah sok dipaké sarat di nu ngaruat.

Tétéla loba pisan mangpaatna tangkal kawung téh. Lamun dikoréhan deui mah, bisa jadi leuwih ti kitu. Éta wé baheula mah sarirangna ogé, enya sarirang kawung, sok dipaké wedak.

Leuwihna ti éta, tangkal kawung mah kaasup tatangkalan anu hadé keur penghijauan. Henteu nyedot cai atawa humus saperti sawit atawa pineus.

Melakna babari (ayeuna mah) jeung teu réwél deuih. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.