• Rabu, 1 Desember 2021

Carita Pantun: Mundinglaya di Kusumah

- Senin, 16 Maret 2020 | 11:00 WIB
Ilustrasi (Historina)
Ilustrasi (Historina)

Dipindo catur ku: Budi Rahayu Tamsyah

Prabu Siliwangi téh raja di Karajaan Pajajaran. Ari patihna dua nya éta Kidang Kancana jeung Gelap Nyawang, anu awakna jangkung badag.

Hiji mangsa Prabu Siliwangi tatapa di Gunung Hambalang, lantaran palay kagungan deui putra. Kalah kénging putri, nya éta Padma Wati, putra Pohaci Wiru Mananggay ti Kahiyangan. Nya ditikah wé dijadikeun praméswari. Netepna di Gunung Gumuruh.

Waktos praméswari kakandungan, nyiramna téh palay honjé. Lajeng baé Kangjeng Raja ngutus Léngsér néangan éta honjé ka Nagri Kuta Pandak di Babakan Muara Bérés.

Ti Geger Maléla, putra Rangga Maléla, Léngsér meunang honjé dalapan pasak, meunang nukeuran ku duit dalapan keton.

Harita di Muara Bérés ogé, praméswari Prabu Rangga Maléla nya éta Gambir Wangi, sarua keur nyiram, sarua deuih palay honjé. Ari honjéna geus dijual ka Léngsér nu jadi utusan Raja Pajajaran.

Léngsér Muara Bérés dijurungan mulangkeun deui duit opat keton, pikeun nukeuran opat pasak honjé keur nu nyiram di Muara Bérés.

Ku lantaran Léngsér Pajajaran teu mikeun, antukna éta dua Léngsér téh perang tanding bébéakan marebutkeun honjé. Perang geus sakitu lilana, taya nu éléh jeung taya nu meunang.

Keur kitu torojol Gajah Siluman ti Karang Siluman, nyapih anu keur perang tanding. Honjé téh dibagi dua, bari aya ucapna, yén upama orok anu dikandungna téh awéwé jeung lalaki, éta pijodoeunana. Mun geus sawawa kudu dikawinkeun.

Padma Wati di Gunung Gumuruh ngalahirkeun anak lalaki anu dingaranan Mundinglaya di Kusumah. Ari Gambir Wangi di Muara Bérés ngalahirkeun anak awéwé sarta dingaranan Déwi Asri.

Kocapkeun Prabu Guru Gantangan di Nagara Kuta Barang palay kagungan putra. Nya Mundinglaya dijadikeun anak kukut ku praméswarina nya éta Ratna Inten.

Lila ti lila, lantaran Mundinglaya kacida gagah jeung sakti, sarta kasép deuih, Prabu Guru Gantangan kasieunan kalindih kakawasaanana. Antukna mah Mundinglaya téh diasupkeun kana panjara beusi anu tohaga.

Ua Mundinglaya nya éta Jaksa Séda Kawasa, Aria Patih Sagara, Gelap Nyawang, jeung Kidang Pananjung boga wirasat teu hadé. Tuluy baé nyusul Mundinglaya ka Kuta Barang. Prabu Guru Gantangan dicarékan béak beresih, lantaran geus nyiksa Mundinglaya.

Sanajan kitu, Mundinglaya teu dikaluarkeun ti panjara beusi. Maksudna mah supaya diajar prihatin. Sarta éta kajadian téh teu dibéjakeun ka Raja Pajajaran jeung Padma Wati.

Kocapkeun Pohaci Wiru Mananggay di Kahiyangan, ngirimkeun impian ka Padma Wati. Dina impianana Padma Wati meunang Lalayang Kancana Salaka Domas nu Guriang Tujuh ti Jabaning Langit. Padma Wati ngabéjakeun éta impian ka Prabu Siliwangi.

Waktu disaémbarakeun, tétéla taya saurang ogé satria anu sanggup meunangkeun éta lalayang. Anu matak Prabu Siliwangi masrahkeun pasualanana ka Padma Wati. Lalayang Kancana kudu beunang. Lamun henteu, Padma Wati baris ditibanan hukum pati ditugel jangga.

Padma Wati inget ka anakna, Mundinglaya. Terus baé ngutus Gelap Nyawang jeung Kidang Pananjung ka Kuta Barang pikeun mawa Mundinglaya.

Mundinglaya datang sarta nyanggupan pikeun néangan Lalayang Kancana nepi ka beunangna. Ti dinya indit baé dibarengan ku Jaksa Séda Kawasa, Gelap Nyawang, Kidang Pananjung, jeung Prabu Liman Sanjaya, pamuk ti Gunung Gumuruh. Katut Léngsér ogé henteu tinggal.

Kalawan tumpak parahu kancana ciptaan Kidang Pananjung, maranéhanana balayar nyorang Leuwi Sipatahunan jeung Bangawan Cihaliwung. Sanepina ka Muara Bérés, nyimpang heula, lantaran Mundinglaya hayang manggihan papacanganana, Déwi Asri.

Sabada nyaritakeun pamaksudan lumampahna mah, Mundinglaya indit deui. Di Sangiang Cadas Patenggang kabéh pangiringna ditinggalkeun dina parahu. Ari Mundinglaya terus mubus ka leuweung geledegan. Badarat neruskeun lalampahanana.

Di tengah leuweung Mundinglaya papanggih jeung Yaksa Mayuta. Mundinglaya ditéwak sarta diteureuy buleud ku Yaksa Mayuta. Mundinglaya ngarawél jimat anu aya dina tikoro Yaksa Mayuta sarta diteureuy. Mundinglaya jadi beuki sakti. Kaluar tina tikoro Yaksa Mayuta, terus baé éta yaksa téh diperangan nepi ka éléhna.

Ti dinya mah Mundinglaya neruskeun deui lalampahanana, unggah ka langit nepungan ninina di Kahiyangan nya éta Pohaci Wiru Mananggay. Maksudna rék ménta pitulung pikeun meunangkeun Lalayang Kancana.

Ku ninina Mundinglaya dititah jadi angin, sangkan bisa mawa hiber Lalayang Kancana. Nya jadi angin puyuh anu ngahiberkeun Lalayang Kancana. Disusul ku Guriang tujuh, anu terus baé merangan Mundinglaya nepi ka nemahan pati.

Sukma Mundinglaya kakalayangan, laju ngipasan jasadna bari mapatkeun jampé pamaké, sangkan bisa hirup deui.

Kocapkeun Prabu Guru Gantangan ti Nagara Kutabarang, geus boga deui anak kukut nya éta Sunten Jaya. Ngadéngé iber Mundinglaya geus nemahan pati ku Guriang Tujuh, nya ngajurungan anak kukutna sangkan ngalamar Déwi Asri.

Sunten Jaya anu sombong sarta loba codéka, indit jeung barayana ka Muara Bérés rék ngalamar Déwi Asri. Ditampik ku Déwi Asri, lantaran geus boga tunangan nya éta Mundinglaya.

Sunten Jaya terus maksa, malah jeung ngancam sagala. Antukna Déwi Asri daék narima, tapi bari méré tanjakan anu kacida beuratna. Tapi éta sarat téh disanggupan ku bapa kukut Sunten Jaya nya éta Prabu Guru Gantangan alias Prabu Nangkoda.

Kocapkeun Mundinglaya, anu harita geus bisa hirup deui, keur tapa di Kahiyangan. Dina tapana, Mundinglaya meunang ilapat goréng. Anu ceuk dina pelenganana mah, aya patalina jeung Déwi Asri. Nya amitan ka ninina, Pohaci Wiru Mananggay, rék turun ka Muara Bérés pikeun nepungan tunanganana.

Ku ninina Mundinglaya dibéré buli-buli nu eusina cikahuripan, nya éta cai anu bisa ngahirupkeun deui nu geus paéh. Dibéré keris pusaka wé deuih.

Mundinglaya turun ti Kahiyangan bari mawa Lalayang Kancana, dibarengan ku Munding Sangkala Wisésa, jenggléngan Guriang Tujuh, anu geus diéléhkeun ku Mundinglaya. Nyimpang heula ka Sangiang Cadas Patenggang mapagkeun uana katut pangiring lianna, anu ditinggalkeun di dinya.

Ti dinya terus balayar ka Muara Bérés. Mundinglaya patepung jeung Déwi Asri, terus lalayaran di Leuwi Sipatahunan.

Sunten Jaya mah kacida ambekna nempo Mundinglaya téh. Terus baé ngeprik baladna sangkan nyerang rombongan Mundinglaya. Tapi kabéh barirat diamuk ku Munding Sangkala Wisésa.

Ari Sunten Jaya, ngalumburuk teu walakaya kakeunaan ku jampé pamaké Mundinglaya.

Ahirna mah Mundinglaya jeung Déwi Asri téh jadi kawin. Disaksian ku parapangagung Karajaan Pajajaran kayaning Demang Patih Rangga Gading, Ua Murugul Mantri Agung, jeung Ua Purwa Kalih.

Patih Gajah Siluman ti Karang Siluman ogé datang. Sakalian nyaritakeun yén Mundinglaya jeung Déwi Asri téh geus dijodokeun ti jero kandungan kénéh.

Engkéna Mundinglaya téh jadi prabu anom di Karajaan Pajajaran, praméswarina dua nya éta Déwi Asri jeung Anté Kancana, adi Sunten Jaya anu geus taluk ka Mundinglaya. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.



Editor: Administrator

Tags

Terkini

Asal-usul Kecap Ngaran Pakakas anu Aya di Imah

Selasa, 31 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Rayat Bogor: Sasakala Talaga Warna

Rabu, 25 Maret 2020 | 12:23 WIB

Miéling Dalang Rancagé Asép Sunandar Sunarya

Minggu, 22 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Cadas Pangéran di Sumedang

Minggu, 22 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Gajah Lumantung

Sabtu, 21 Maret 2020 | 11:15 WIB

Gaya Basa Rarahulan dina Carita Pantun

Sabtu, 21 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Deugdeug Pati Jaya Perang

Jumat, 20 Maret 2020 | 10:55 WIB

Basa Kirata anu Béda jeung Kecap Memet

Jumat, 20 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Badak Pamalang

Kamis, 19 Maret 2020 | 11:15 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lalab Karesep Urang Sunda

Kamis, 19 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Budak Manyor di Kuta Tandingan

Rabu, 18 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Leuweung Siperlaw jeung Batu Tanceb

Rabu, 18 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun Nyai Sumur Bandung

Selasa, 17 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Kasakit dina Basa Sunda

Selasa, 17 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Mundinglaya di Kusumah

Senin, 16 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lauk Cai dina Basa Sunda

Senin, 16 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Ciung Wanara

Minggu, 15 Maret 2020 | 10:05 WIB
X