• Rabu, 1 Desember 2021

Carita Pantun: Deugdeug Pati Jaya Perang

- Jumat, 20 Maret 2020 | 10:55 WIB
Juru pantun ti Baduy. (Foto: Sejarah Blog)
Juru pantun ti Baduy. (Foto: Sejarah Blog)

Dipindo catur ku: Budi Rahayu Tamsyah

Radén Bagawat Imeng Sonjaya téh putra Prabu Siliwangi, raja di Pajajaran. Hiji peuting ngimpi patepung jeung putri geulis ti wewengkon belah wétan.

Manéhna ménta idin ka bapana pikeun ngalalana ka belah wétan pikeun néangan putri geulis anu patepung dina impianana. Ku bapana diidinan.

Radén Bagawat Imeng Sonjaya terus mangkat ka belah wétan, dibarengan ku pangiringna anu satia, Ki Léngsér. Nya anjog ka Nagara Rambut Pala.

Raja di éta nagara nya éta Radén Demang Jaya Mantri, ngabagéakeun sémah. komo sanggeus nyahoeun anu datang téh putra Prabu Siliwangi. Harita kénéh ditepungkeun jeung adina, putri anu geulis ngaranna Nyi Ameng Layar.

Ku kabeneranana téh, éta putri sakarupa pisan jeung putri anu aya dina impianana. Radén Bagawat Imeng Sonjaya balaka, nya ditampa kalawan kabungahan ku Sang Raja. Malah tuluy baé dikawinkeun ka adina.

Sabada dikawinkeun Radén Bagawat Imeng Sonjaya meredih ka Demang Jaya Mantri sangkan nangtang perang ka Raja Galiota. Demang Jaya Mantri indit ka Nagara Galiota, nangtang perang ka rajana nya éta Radén Braja Kilat.

Dina éta perang Demang Jaya Mantri unggul. Radén Braja Kilat masrahkeun nagaranya jeung adina anu geulis Nyi Mas Karuntuyan.

Radén Bagawat Imeng Sonjaya pindah ka Nagara Galiota, dijenengkeun raja di dinya sarta Nyi Mas Karuntuyan dikawin dijadikeun pamajikanana.

Kacatur di Nagara Kuta Pamengkang Méga, rajana nya éta Radén Deugdeug Pati Jaya Perang. Hiji poé manéhna kadatangan ku adinya, putri geulis Nyi Mas Inten Badaya.

Adina nyaritakeun, yén manéhna ngimpi nempo lauk paus anu sisikna emas di Laut Kidul, anu kabawah ka Nagara Galiota, jeung ngimpi nempo badak anu buluna belang jeung buntutna emas di Nagara Galiota.

Radén Deugdeug Pati Jaya Perang ngajak adina indit ka Nagara Galiota, pikeun ngabdi ka Radén Bagawat Imeng Sonjaya. Mun teu kitu, bisa jadi maranéhna bakal meunang kasusah ti éta nagara.

Maranéhna indit ka Nagara Galiota, ngabdi ka Radén Bagawat Imeng Sonjaya. Nyi Mas Inten Badaya dipasrahkeun sarta dikawin ku Radén Bagawat Imeng Sonjaya.

Radén Deugdeug Pati Jaya Perang diangkat jadi hulubalang raja, Radén Demang Jaya Mantri jadi patih, ari Radén Braja Kilat jadi jagabaya karaton.

Hiji mangsa Radén Deugdeug Pati Jaya Perang ménta idin ka raja rék merangan Nagara Kuta Gedongan jeung raja di nagara Gunung Layang. Nya diidinan.

Nagara Kuta Gedongan dirajaan ku tilu sadulur, nya éta Lembu Tutur, Gajah Menur, jeung Gajah Mancawura. Anu masing-masing boga adi awéwé nya éta Sari Kancana, Sari Déwata, jeung Sari Wayangan.

Diperangan ku Radén Deugdeug Pati Jaya Perang, tiluanana aréléh. Ngaku taluk sarta rék ngabdi ka Nagara Galiota.

Saméméh balik ka Nagara Galiota, maranéhna indit heula ka Nagara Gunung Larang. Rajana nu ngaran Gajah Larang boga adi putri geulis nu ngaranna Nyi Aci Larang.

Der diperangan ku Radén Deugdeug Pati Jaya Perang, Gajah Larang kasoran. Ngaku taluk jeung sadia ngabdi ka Nagara Galiota.

Sakabéh raja patalukan jeung putri-putrina dibawa ka Nagara Galiota, dihaturkeun ka Radén Bagawat Imeng Sonjaya. Nagara Galiota jadi leuwih gedé, ramé, subur mamur loh jinawi.

Kocapkeun Nyi Ameng Layar, praméswari anu keur kakandungan, hiji peuting hayang ngahibur diri, nanggap lalakon anu ditembangkeun. Raja nitah Radén Deugdeug Pati Jaya Perang pikeun ngalalakon bari ditembangkeun.

Sora nu nembang kadéngé ku Radén Braja Kilat nu keur ngajaga karaton. Manéhna ningali ka paséban. Katempo Radén Deugdeug Pati Jaya Perang keur nembang dibaturan ku Demang Jaya Mantri, di hareupeun Nyi Ameng Layar anu geulis.

Radén Braja Kilat ngarasa sirik. Batur mah senang-senang, ari manéhna kudu ngajaga karaton. Padahal Nagara Galiota téh anu manéhna.

Timbul wé niat jahat pikeun nyilakakeun Radén Deugdeug Pati Jaya Perang jeung
Radén Demang Jaya Mantri katut adina Nyi Ameng Layar. Sangkan engké manéhna nu jadi patih, jeung adina Nyi Mas Karuntuyan jadi praméswari.

Radén Braja Kilat mapatkeun jampé pamaké, anu keur aya di paséban ditiup nepi ka kabéh sararé.

Larangan Nyi Ameng Layar dikaput ku kawat pusaka, terus dikedengkeun dina keukeupan Radén Deugdeug Pati Jaya Perang.

Geus kitu, Radén Braja Kilat gura-giru indit nepungan raja, ngabéjakeun yén Radén Deugdeug Pati Jaya Perang geus ngahianat. Raja dibawa ka paséban pikeun ngabuktikeun ucapanana.

Radén Bagawat Sonjaya kacida ambekna, terus maréntah ka Radén Braja Kilat sangkan tiluanana dipaténi.

Nyi Ameng Layar rék dipaéhan, tapi dicaram ku Ki Léngsér. Terus baé atuh Nyi Ameng Layar dibalangkeun jauh pisan, sarta ragrag di Leuwi Batok.

Ti dinya Radén Braja Kilat nyéréd Radén Deugdeug Pati Jaya Perang jeung Radén Demang Jaya Mantri.

Waktu rék ditelasan, duanana nyarita, yén maranéhna moal bisa dipaéhan ku Radén Braja Kilat. Lamun enya patina diarah, maranéhna rék silihpaéhan. Terus baé Radén Deugdeug Pati Jaya Perang jeung Radén Demang Jaya Mantri silihtubles nepi ka patina.

Mayitna dibalangkeun ku Radén Braja Kilat sarta ragrag di Leuwi Batok ngahiji jeung mayit Nyi Ameng Layar.

Sukma éta tilu jalma téh nempo raga badagna ti awang-awang, tuluy arasup deui kana awakna séwang-séwangan. Kerejet baé harirup deui. Ti dinya mah arindit ti Leuwi Batok sarta tumetep di tutugan Gunung Banjaran.

Datang mangsana Nyi Ameng Layar rék ngalahirkeun, tapi orokna hésé bijil lantaran raranganana dikaput. Bakating ku nyeri, Nyi Ameng Layar jejeritan.

Kadéngéeun ku nini sakti anu keur tapa di Puncak Gunung Banjaran. Nyi Ameng Layar ditulungan, ngalahirkeun orok lalaki. Ari kawat pusakana, ku kasaktén si nini, dikaputkeun kana rarangan Nyi Mas Karuntuyan di Nagara Galiota.

Anak Nyi Ameng Layar ceplés pidan bapana, Radén Bagawat Imeng Sonjaya. Éta orok dingaranan Radén Simpay Katulayah Pangéran Rangga Uyuhan.

Radén Demang Jayamantri badami jeung Radé Deugdeug Pati Jaya Perang, yén maranéhna kudu balik deui ka Nagara Galiota bari mawa Nyi Ameng Layar jeung anakna. Sakaligus males pati ka Radén Braja Kilat jeung Nyi Mas Karuntuyan.

Bring atuh arindit ti tutugan Gunung Banjaran. Nini Sakti ogé milu ka Nagara Galiota, mamangku orok anu kacida dipikaresepna.

Sadatangna ka Nagara Galiota, maranéhna dipapag ku témbakan bedil. Tapi, ku kasaktén Nini Sakti, pélorna malik ka pasukan Nagara Galiota. Antukna katawuran, loba nu paéh ku pélorna sorangan.

Radén Deugdeug Pati Jaya Perang ngamuk. Sakabéh ponggawa jeung prajurit nu aya di alun-alun dipaéhan. Terus asup ka karaton néangan Radén Braja Kilat.

Sanggeus kapanggih, terus dipaéhan sarta sungutna dibébékkeun. Mayit Radén Braja Kilat dibalangkeun, ragrag di Laut Kalér sarta jadi buaya putih.

Adi Radén Braja Kilat, Nyi Mas Karuntuyan ditangkep ku Radén Deugdeug Pati Jaya Perang. Nyi Mas Karuntuyan dibawa ka alun-alun, dipaténi di dinya.

Nyi Mas Karuntuyan keur kakandungan, orokna bijil geus teu nyawaan. Mayit Nyi Mas Karuntuyan dibalangkeun ka Laut Kidul jadi himi-himi. Ari orokna dibalangkeun ka kalér, ragrag ka Muhara Kicipir, jadi rupa-rupa hama.

Radén Deugdeug Pati Jaya Perang, Radén Demang Jaya Mantri, jeung Nyi Ameng Layar katut Nini Sakti asup ka karaton rék nepungan raja.

Sanggeus patepung jeung raja, masrahkeun Nyi Ameng Layar jeung anakna. Raja daék ngahampura jeung narima deui Nyi Ameng Layar, lantaran nempo anakna anu sarimbag pisan jeung manéhna.

Saterusna atuh Nagara Galiota dipasrahkeun ka Radén Deugdeug Pati Jaya Perang. Ari Radén Demang Jaya Mantri maréntah deui di nagarana, nya éta Nagara Rambut Pala.

Radén Bagawat Imeng Sonjaya ngan maréntah di Nagara Kuta Gedongan, anu ngabawah sakabéh nagara patalukanana.

Sumber carita: C.M. Pleyte. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.

Editor: Administrator

Tags

Terkini

Asal-usul Kecap Ngaran Pakakas anu Aya di Imah

Selasa, 31 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Rayat Bogor: Sasakala Talaga Warna

Rabu, 25 Maret 2020 | 12:23 WIB

Miéling Dalang Rancagé Asép Sunandar Sunarya

Minggu, 22 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Cadas Pangéran di Sumedang

Minggu, 22 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Gajah Lumantung

Sabtu, 21 Maret 2020 | 11:15 WIB

Gaya Basa Rarahulan dina Carita Pantun

Sabtu, 21 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Deugdeug Pati Jaya Perang

Jumat, 20 Maret 2020 | 10:55 WIB

Basa Kirata anu Béda jeung Kecap Memet

Jumat, 20 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Badak Pamalang

Kamis, 19 Maret 2020 | 11:15 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lalab Karesep Urang Sunda

Kamis, 19 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Budak Manyor di Kuta Tandingan

Rabu, 18 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Leuweung Siperlaw jeung Batu Tanceb

Rabu, 18 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun Nyai Sumur Bandung

Selasa, 17 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Kasakit dina Basa Sunda

Selasa, 17 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Mundinglaya di Kusumah

Senin, 16 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lauk Cai dina Basa Sunda

Senin, 16 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Ciung Wanara

Minggu, 15 Maret 2020 | 10:05 WIB
X