Asal-usul Cadas Pangéran di Sumedang

Dipindo catur ku: Budi Rahayu Tamsyah

Cadas Pangéran téh tempat atawa jalan liliwatan antara Bandung-Sumedang. Éta jalan téh bagéan tina jalan anu manjang di Pulo Jawa ti Anyer nepi ka Panarukan.

Baheulana éta jalan téh gunung cadas anu kacida teuasna. Taun 1811 M rahayat Sumedang diparéntah ku pamaréntah Hindia Walanda kudu gawé rodi pikeun nugar éta gunung jadi jalan.

Harita anu kumawasa di nagara urang teh Gubernur Jéndral Hindia Walanda nu ngaran Herman Willem Daendels. Pangkatna marsekal, anu dipelésétkeun ku urang Sunda mah jadi “Mas Galak”. Luyu jeung pasipatanana.

Watek Daendels mémang sombong jeung galak. Sagala kahayangna kudu digugu kaasup nyieun jalan ti Anyer nepi ka Panarukan. Jalan nu sakitu jauh jeung rumpilna téh kudu réngsé dina waktu sataun.

Baca Juga:  Militansi dan Kejuangan Abah Aray, Sosok Kader Partai Golkar Purwakarta  yang Humanis

Atuh rahayat téh digawé bébéakan, korban nyawa ogé teu kaitung. Tapi Si Daendels teu miroséa, jalan tetep kudu dianggeuskeun saluyu jeung kahayang manehna. Saha baé anu wani-wani ngabangkang bakal dihukum anu kacida beuratna.

Dina hiji mangsa Deandels manggih béja, yén anu migawé jalan di Sumedang mah lénglé jeung lendo pisan. Antukna Deandels datang sorangan ka Sumedang.

Éta pisan anu dianti-anti ku Bupati Sumedang harita téh, Pangéran Kusumadinata atawa Pangéran Kornél.

Anjeunna teu panuju pisan kana tindakan Deandels anu keras tur telenges. Loba rahayatna anu katalangsara, malah teu aeutik anu nepi ka nemahanan pati.

Baca Juga:  Inilah Penyebab Tol Jakarta-Cikampek Macet

Kukituna, waktu patepung jeung Deandels, Pangéran Kornél kacida ceuceubna.

Waktu Daendels ngajak sasalaman ngasongkeun leungeun katuhu, ditarima ku Pangéran Kornél maké dampal leungeun kénca. Ari leungeun katuhuna taki-taki nyekelan landéan keris.

Pangéran Kornél teu gimir teu miris sanajan kudu ngadu jajatén jeung Daendels anu kasohor bengis. Daendels kagét, dijawab anteb bari panon neuteup seukeut ka nu disanghareupanana.

Anjeunna ngabudalkeun uneg-unegna ka Daendels, yén nyieun jalan lebah Sumedang mah leuwih hésé tibatan di tempat séjén. Kudu ngaliwatan gunung cadas anu teuas.

Ku kituna, kudu aya tinimbangan dina ngagawékeun rahayat Sumedang téh. Sarta anjeunna sayaga ngabéla kapentingan rahayatna.

Baca Juga:  22 PK Sampaikan Mosi Tidak Percaya Terhadap Ketua Partai Golkar Karawang

Nyanghareupan nu lébér wawanén kitu mah, Daendels téh gimir ogé. Nya ahirna Daendels sadar, yén nyieun jalan di Sumedang teh kacida beuratna.

Inyana ngirimkeun bantuan pasukan tentara Walanda ka lebah dinya, mantuan pagawéan rahayat Sumedang.

Kiwari jalan lebah gunung cadas téh katelah Cadas Pangéran, minangka pangéling-ngéling ti rahayat ka pamingpinna anu gedé wawanén enggoning buméla ka rahayatna.

Malah kiwari di lebah dinya aya patung anu ngagambarkeun patepung sarta sasalanana Pangéran Kornél jeung Daendels, anu katelah Mas Galak téa. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah