Ngadongéng Ngajarkeun Kosakata jeung Logika ka Barudak

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Tong nganggap énténg kana dongéng, sabab gedé mangpaatna keur barudak mah. Pangpangna mah barudak anu masih kénéh burey.

Dongéng lain ngan saukur “ngabobodo budak céngéng”. Mémang enya, ceuk élmu sastra mah dongéng téh carita rékaan anu ngandung pamohalan.

Di antarana baé aya sasatoan, tatangkalan, katut barang lianna anu bisa ngomong kawas jelema. Aya jelema jadi batu, jelema jadi maung (kajajadén), parahu jadi gunung, jeung sajabana.

Tapi kabéh ogé mangrupa siloka, loba guareunana. Dina dongéng aya amanat anu dikandung, anu bisa jadi atikan moral keur barudak.

Salian ti éta, ngadongéng bisa dipaké pikeun ngajarkeun kabeungharan kecap (kosakata) ka barudak.

Baca Juga:  Sule Kembali Dengan "Gara-gara Dia"

Éta luyu jeung tahapan kaparigelan ngagunakeun basa anu ngawengku: ngaregepkeun (menyimak), nyarita (berbicara), maca (membaca), jeung nulis (menulis).

Saméméh bisa nyarita téh, budak ngadéngékeun heula kecap-kecap anu diucapkeun ku indung-bapana, lanceukna, kulawarga lianna, katut lingkunganana.

Ti dinya kakara bisa nyarita, bisa ngucapkeun kecap-kecap anu kadéngé ku manéhna.

Upama anu mindeng kadéngéna kecap-kecap kasar jeung garihal, anu diucapkeun ku budak ogé moal jauh ti kitu. Kitu deui mun sabalikna.

Matak teu salah mun aya anu nyebutkeun, pangajaran basa anu munggaran mah aya di lingkungan kulawarga. Ari di sakola, pikeun ngalelempeng jeung ngabebenahna.

Baca Juga:  Pengakuan Para Pemain Film Dewasa Rumah Produksi di Jakarta

Dongéng ogé bisa dipaké pikeun ngajarkeun logika ka barudak. Dina dongéng aya runtuyan carita jeung hubungan sabab-akibat (kausalitas), anu jadi dadasar mikir sacara logis.

Dina dongéng ogé aya kajadian anu bisa dipapandékeun (dianalogikeun) kana kajadian lianna anu sawanda. Ari analogi apan salasahiji cara mikir anu remen dipaké dina filsafat. Raket patalina jeung logika.

Ari atikan moral, éta mah jelas. Umumna dongéng miboga motif carita anu sarua: anu bener tangtu salamet, anu salah bakal cilaka.

Anu jujur bakal mujur, anu teu jujur bakal ancur; anu sabar bakal subur, anu codéka bakal sangsara, jeung sajabana.

Baca Juga:  Upaya Penerapan Protokol Kesehatan, Tokoh Masyarakat Berperan Penting

Hadé jeung goréng dina dongéng mémang sahinasna, umumna ngan salancar hideung-bodas, saluyu jeung tahapan psikologis baudak.

Ngaliwatan dongéng budak geus diajarkeun ngeunaan hadé jeung goréng, bener jeung salah, ku cara-cara anu basajan. Jeung pikaresepeun wé deuih, keur budak mah.

Aya leuwihna ti éta, upama budak mindeng dipangdongéngkeun, boh ku bapana boh ku indungna. Nya éta miboga hubungan émosional anu raket jeung indung-bapana sarta jeung kulawargana.

Budak henteu ngarasa asing di kulawargana sorangan. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.