Carita Pantun Lutung Kasarung

Dipindo catur ku: Budi Rahayu Tamsyah

Kacaturkeun di Nagara Pasir Batang Anu Girang, rajana Prabu Ageung Tapa praméswarina anu geulis Nitisuari. Kangjeng Raja kagungan putra tujuh, istri sadayana. Nya éta Purbararang, Purbaéndah, Purbadéwata, Purbakancana, Purbamanik, Purbaleuwih, jeung Purbasari.

Kangjeng Raja aya niat badé lirén tina kalungguhanana, badé teras ngabagawan nyirnakeun pikir. Lajeng badanten sareng praméswari, ngabadantenkeun pigentoseunana. Duanana sapuk milih si bungsu Purbasari Ayu Wangi jadi ratu di Nagara Pasir Batang Anu Girang.

Putrana anu cikal, Purbararang, kacida ambekna pédah teu kapilih jadi ratu. Boga rasa kalindih ku Purbasari. Purbasari dicarékan béak beresih, tuluy diboboréhan ku kéler nahun, awak jeung beungeutna jadi lestreng.

Teu cukup ku sakitu. Purbasari diusir ti karaton, disingkurkeun ka Gunung Cupu. Dianteurkeun ku Paman Léngsér, sina cicing di saung butut sisi lamping.

Kacaritakeun di Kahiyangan, Guru Minda putra Sunda Ambu, ngimpi patepung jeung putri geulis, rupana sasemu jeung Sunan Ambu. Jorojoy timbul rasa cintana ka éta putri.

Waktu riungan di paséban Kahiyangan, Guru Minda maling-maling neuteup Ibu, anu sasemu jeung putri dina impianana téa.

Kalakuan Guru Minda dianggap salah. Guru Minda dititah indit ti Kahiyangan,

sarta kudu ka Buana Pancatengah. Di dinya Guru Minda baris patepung jeung putri anu sasemu jeung Sunan Ambu.

Guru Minda dibéré baju lutung, anu kudu dipaké di Buana Pancatengah. Ceuk Sunan Ambu, éta téh mangrupa jalan sangkan bisa papanggih jeung putri téa.

Guru Minda turun ti Kahiyangan, nya anjog ka hiji leuweung geledegan anu aya di Buana Pancatengah.

Rap baju lutungna dipaké, jleg baé minda rupa jadi lutung. Lutung lain salutung-lutungna, tapi lutung anu kasarung ku lampahna. Nya disebut baé Lutung Kasarung.

Urang caturkeun deui di Nagara Pasirbatang. Purbararang anu ayeuna geus jeneng ratu, gawéna ngan sukan-sukan jeung curak-curak.

Hiji mangsa, Ratu hayang daging lutung. Tuluy ngajurungan Paman Léngsér, nitah Aki Panyumpit ngala lutung. Henteu talangké, Paman Léngsér indit, ngajugjug ka imah Aki Panyumpit nitah ngala lutung.

Aki Panyumpit indit ka leuweung, mawa sumpit jeung paserna, nyoréndang koja si déngdék poé. Nya manggihan lutung keur diuk campego dina dahan.

Aki Panyumpit bungahna kaliwat saking. Terus lutung disumpit, teu beunang. Disumpit deui sababaraha kali, lutung bisa pisan nyingcetkeun paserna. Paser hiji gé taya nu ngagaris-garis acan.

Keur kitu, lutung téh ngomong, sangkan Aki Panyumpit ulah nyumpitan baé manéhna. Sabab moal kabur, malah bakal nurut kana kahayang Aki Panyumpit.

Aki Panyumpit kagét kabina-bina, ngadéngé lutung bisa ngomong. Jrut lutung turun tina tangkal, tuluy nyampeurkeun sarta milu ka Aki Panyumpit. Isukna lutung téh dibawa ka karaton, dipasrahkeun ka Purbararang.

Geus datang kana mangsana dipeuncit, lutung teuing ku giras, hésé ditéwakna. Dikepung ku jalma pirang-pirang, kalah luluncatan ngaruksak paparabotan. Eusi karaton burak-barik burakrakan.

Lutung henteu jadi dipeuncitna. Ti dinya Purbararang nitah Paman Léngsér, nganteurkeun lutung ka Gunung Cupu, keur pibatureun putri bungsu Purbasari.

Kocap lutung geus aya di Gunung Cupu, maturan Purbasari anu keur prihatin. Lutung karunyaeun ningali kaayaan Purbasari. Awak hideung, papakéan rudin rudag-radig. Barangdahar sakapanggihna, saréna dina palupuh sabébék. Tapi sorotna béda, aya semu Sunan Ambu.

Reup peuting, lutung mapatkeun sirep. Lenggut Purbasari katarajang tunduh,

les baé kulem teuing ku tibra. Lutung ngegédogkeun salira. Jleg baé ngajanggélék jadi Guru Minda.

Biur ngapung, jog anjog ka Kahiyangan. Wawartos ka Jeng Ibu Sunan Ambu, palay misalin Putri Purbasari. Kapalayna ditedunan ku Sunan Ambu. Biur ngapung, jleg ka urut tadi, jadi deui lutung.

Isuk-isuk Purbasari ngulisik, tuluy hudang. Kagét liwat saking ningali kaayaan anu béda. Saré dina katil emas, kasurna tujuh susun. Kamarna dipapaés emas berlian patinggurilap. Saung butut robah jadi istana murub mubyar.

Purbasari dititah mandi di tampian istana anyar. Gejebur mandi, diruruan sakujur badan. Baranyay cahayaan, katémbong deui geulisna. Réngsé mandi, papakéanana ogé diganti, ku baju beunang nyadiakeun parabujangga, anu ditunda dina kandaga emas di balé kancana.

Ibur salelembur, éar sajajagat, di lamping Gunung Cupu aya istana agréng, cahayana ngempur munggah murub mubyar.

Ahirna kaémpér-émpér ka karaton. Purbararang datang bedangna, bijil sirikna. Nyieun tarékah pikeun nganyenyeri Purbasari.

Purbasari dititah ngabendung walungan, keur marak lebah Leuwi Baranangsiang. Éta bendungan kudu anggeus sapeuting, lamun teu cumpon Purbasari baris ditugel jangga. Ngadéngé paréntah kitu, Purbasari bati sedih.

Datang peuting ngan ukur bisa gulang-guling. Lutung metakeun sirepna, Purbasari saré tibra. Lutung mujasmédi neneda ka Sunan Ambu, ménta sangkan Leuwi Baranangsiang dibendung.

Isukna, isuk-isuk pisan sumebar béja, yén Leuwi Baranangsiang geus dibendung. Aya anu nepikeun éta béja ka karaton.

Teu kungsi lila ti harita, Purbararang jeung adi-adina anu lima, arindit rék marak ka Leuwi Baranangsiang. Diiring ku méh sakabéh pangeusi karaton. Ditéma ku pirang-pirang rahayat, bari marawa pakakas pikeun marak.

Ti harita Purbararang ngayakeun rupa-rupa tarékah sangkan bisa nyingkahkeun Purbasari. Tuluy ngajak rupa-rupa saémbara, anu sakirana moal bisa katedunan ku Purbasari.

Purbasari diajak paalus-alus ngahuma, paalus-alus beubeunangan ninun, pangeunah-ngeunah kaolahan. Nepi ka paalus-alus awak. Kabéh Purbasari anu unggul, lantaran dibantuan ku Lutung Kasarung.

Waktu saémbara pakasép-kasép kabogoh, Purbasari éléh. Rék ditugel jangga pisan, Lutung Kasarung morosotkeun baju lutungna. Janggélék jadi satria anu kasép hésé tandingna, sarta ngaku kabogoh Purbasari. Purbasari unggul.

Minangka hadiahna, Purbasari ngadeg raja, ari Purbararang kudu daék ditugel jangga. Purbararang ceurik bari nyembah acong-congan. Dasar Purbasari gedé hampura welas asih, Purbararang dihampura, teu tulus dihukum patina.

Ayeuna anu ngaheuyeuk Pasirbatang geus merenah, kaprabon geus kacangking ku nu boga hakna. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.