Nasional

Lampu Gentur Cianjur anu Geus Kamashur

×

Lampu Gentur Cianjur anu Geus Kamashur

Sebarkan artikel ini

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Lampu gentur katelah ku asalna, dijieun di Kampung Gentur, Désa Jambudipa, Kacamatan Warungkondang, Kabupatén Cianjur. Di dinya teu kurang ti 30 urang anu pacabakanana nyieunan lampu hias, anu katelah lampu gentur téa.

Nyieun lampu gentur téh kamonésan warisan ti bao-buyutna. Nu ayeuna aya, kaasup kana kolem generasi kaopat.

Ari sajarahna mah, baheula, tangtuna gé saméméh nagara urang merdéka, bao-buyutna sok nyieunan lantéra tina kaléng susu anu disebut lampu centir, pikeun parasantri anu ngaji di pasantrén.

Baca Juga:  Dapat Wejangan dari Ridwan Kamil Soal Citayam Fashion Week, Baim Wong Cuek

Dina kamekaranana, para pangrajin lampu di Kampung Gentur beuki tapis baé nyieunan rupaning lampu hias anu kalandep ku masarakat. Katelah baé lampu gentur saperti kiwari, sarta dipaké papaés di sawatara rohangan imah, hotél, réstoran, jeung kafe.

Baca Juga:  Operasi Pabrik Rungkut 2 Milik Sampoerna Berhenti Sementara

Malah kiwari lampu gentur geus ngambah ka mancanagara. Pesenan lampu gentur datang ti Thailand, Dubai, Yunani, Bulgaria, Jerman, Belanda, Amérika Serikat, jeung nagara lianna.

Kaayaan anu meredih pangrajin lampu gentur ngaronjatkeun kamampuhna dina kualitas jeung desain. Kiwari kawilang euyeub koléksi lampu gentur gaya modéren klasik, ti mimiti gaya Maroko, Méditerania, jeung Oriental; diluyukeun jeung pangabutuh konsumén.

Baca Juga:  YPBPI Raih Penghargaan The Best Reputable Educational Institution Highly Recommended of The Year

Ari jenisna ti mimiti lampu gantung, lampu témbok, lampu méja, atawa lampu lilin bahan kuningan diadumaniskeun jeung kaca bevel, kaca és flora warna-warni.

Kiwari usaha lampu gentur beuki mekar baé. Anu matak meujeuhna upama di parapatan jalan deukeut ka Kampung Gentur dipapaés ku tugu wangun lampu gentur. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah

Tinggalkan Balasan