Bebegig Sukamantri, Ragag-Rigig Seni Hélaran ti Ciamis

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Ngadéngé kecap bebegig, anu kabayang téh jejelemaan tina jarami diterapan baju rubag-rabig jeung didudukuyan anu sok aya di sawah. Paranti nyingsieunan manuk sangkan ulah ngahakanan paré anu rék dibuat. Anu matak sok disebut bebegig sawah. Tapi béda geuning jeung bebegig Sukamantri mah.

Bebegig Sukamantri, keur nu anyar nempo mah moal teu matak hélok. Geura baé. Anu jadi bebegigna, jelema sawawa. Maké topéng. Laimaké meureun, leuwih pas disebut nyunyuhun. Da beuratna ogé leuwih ti 40 kilo, malah aya nu nepi ka 60 kilo cenah.

Rupana, jleg baé beungeut wayang pangsisina: buta héjo, buta beureum, buta kayas, buta hideung, malah aya buta térong ogé. Maké makuta. Tapi buukna ku injuk, dipasieup ku daun waregu, bubuay, hahampaan, jeung kembang keretas.

Baca Juga:  Penemuan Mayat Perempuan Gegerkan Warga Arcamanik Bandung

Awakna hideung, da mémang dibulen ku injuk. Lebah bujur digantélan ku kolotok munding. Sukuna maké génggé. Badis mahluk leuweung ti mana boa. Ragag-rigig dibarung ku sora kolotok jeung kélénéng génggé. Bisa meta dipirig ku musik naon baé. Lucu? Leuwih ti kitu. Malah aya sari-sari magis. Soal alami, éta mah geus pasti atuh.

Bebegig téh seni tradisi ti Sukamantri. Mangrupa salasahiji seni tradisi Sunda anu jadi andelan Kabupatén Ciamis.

Ceuk ujaring sepuh, taun 1970-an, kokolot Désa Campakalarang, Kacamatan Sukamantri, ngaréka-cipta ieu kasenian. Mangrupa kasenian hélaran, anu ahirna jadi kasenian has Sukamantri. Anu jadi dadasarna, cenah raket patalina jeung carita rayat Prabu Sampulur. Raja gagah sakti mandraguna anu meruhkeun rereged di Pulo Jawa. Gambaran kagagahan Sang Prabu cenah, beungeut bebegig Sukamantri téh.

Baca Juga:  Dapat Bantuan 1000 Paket Sembako, Yana Mulyana Saling Berbagi Kebaikan Untuk Masyarakat

Geus puguhing ari dina acara Agustusan mah, malah dina acara-acara pésta rayat lianna, bebegig Sukamantri sok milu midang. Upamana baé dina acara “Nyiar Lumar” di Kawali, kawasna kurang apdol mun teu ngabring-ngabring bebegig Sukamantri téh.

Dina acara “Nyangku” di Panjalu, bebegig Sukamantri sok milu ngarigig. Kitu deui dina acara Milangkala Kabupatén Ciamis. Saterusna bebegig Sukamantri mindeng diondang kana pintonan kasenian hélaran di luar Ciamis. Upamana baé Bandung, Jakarta, Purwakarta, malah kungsi cenah ragag-rigig di Bali ogé.

Ngamaénkeun bebegig Sukamantri, mémang mikabutuh tanaga anu tohaga. Pék baé bayangkeun. Kudu nyunyuhun bebegig anu beuratna nepi ka 60 kilo, bari awak dibulen ku kakaban injuk. Jaba kudu ragag-rigig deuih. Malah sakapeung mah sok dipaké ngangkat jelema, anu sina tumpak dina lebah irung topéng si bebegig. Nya enya, lain pagawéan méméh sasarap. Anu matak, salian ti kudu siap tanaga téh, kudu asak latihan deuih. Aya émbohna, dibarung ku do’a-do’a husus, sangkan salamet salila nyunyuhun sakadang bebegig.

Baca Juga:  PT Dada Langgar Kesepakatan, Pagi Ini Ribuan Buruh Datangi Disnaker Purwakarta

Bebegig Sukamantri, seni tradisi anu kakara nguniang, lantaran dihudangkeun deui ku nu mikahémanna. Seni tradisi anu miboga poténsi pikeun jadi kareueus, lain baé keur urang Ciamis, tapi keur sakumna warga Jawa Barat. Lebar mun kudu tiarap deui téh.

Leuwihna ti éta, ayeuna mah di Sukamantri ogé geus aya pangrajin anu sok nyieunan bebegig, ti mimiti bebegig anu gedé nepi ka bebegig anu leutik, keur supenir. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan, Kang Budi Rahayu Tamsyah.