Kampung Langlayangan Kawilang Gedé Aya di Cihampelas

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Loba anu pacabakanana nyieunan langlayangan di Jawa Barat téh. Tampolana mah sakampung usaha nyarieunanlanglayangan, saperti di Jatinangor (Sumedang), Cimandé (Sukabumi), jeung Cihampelas (Kabupatén Bandung Barat/KBB).

Pantes mun disebut Kampung Langlayangan téh. Ngan anu kawilang gedé mah di Kacamatan Cihampelas (KBB), ngurung dua désa nya éta Désa Tanjungjaya jeung Désa Pasirwangi.

Ratusan umpi (kepala keluarga/KK) di éta dua désa, anu teu teu jauh ti Saguling téh, ngandelkeun pangupa jiwana tina nyieunan langlayangan. Unggal poé, méh di unggal imah ketémbong anu keur nyieun langlayangan.

Baca Juga:  Uu Ruzhanul Ulum Instruksikan Seluruh Puskesmas Periksa Jajanan Anak di Sekolah

Aya anu keur ngaraut awi, nyieun rarancang langlayangan, nimbang jangjang, masang benang rarancang, ngeureutan kertas, ngelém, atawa ngawangkongan langlayangan. Teu kahéngkér ku umur deuih, kolot-budak, awéwé-lalaki, sarua baé, ilubiung nyieunan langlayangan.

Ceuk ujaring carita urang dinya, éta kabiasaan téh geus lumangsung ti satengah abad ka tukang. Tuluy turun-tumurun nepi ka entragan anu kiwari. Teu saeutik barudak sakola ogé, samulangna ti sakola terus nyieunan langlayangan. Hasilna lumayan, keur ngabanjel-banjel pangabutuh sakolana.

Baca Juga:  Kejar-kejaran dan Baku Tembak, Buron Polres Cimahi Akhirnya Tewas

Anu geus tapis mah, saurangna bisa nyieun langlayangan nepi ka 500 dina sapoéna téh. Malah aya nu leuwih. Hasil gawéna, dijual ka bandar. Soal harga, gumantung kana gedéna. Lolobana mah anu umum baé, anu 500 pérak hijina.

Salian ti éta ogé aya anu ngajual langsung ka konsumén. Muka toko langlayangan, dilengkepan jeung benang, golongan, jeung gelasanana. Ngan teu loba.

Kiwari geus mimiti cul-cel anu ngajual langlayangan online. Lolobana mah ngaliwatan aplikasi pésbuk jeung WA. Mun anu pesenna deukeut, bisi ku ingkig dikirim langsung. Mun jauh sarta loba, dikirim ngagunakeun jasa pengiriman barang. Untungna ogé aya undakna ngajual langsung mah.

Baca Juga:  Relawan Maju dan Sajati Ajak Masyarakat Awasi Pilkada

Anu jadi bangbaluh pengrajin langlayangan soal bahan baku, pangpangna mah awi tali. Kapaksa kudu nguyang ka wewengkon Sundangkerta atawa Gununghalu. Ari kertas mah bisa ngamangpaatkeun limbah pabrik, anu kaitung loba di wewengkon KBB. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.