Kampung Naga, Kampung na Gawir anu Teu Hésé Didongkangna

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Kampung Naga téh salasahiji kampung adat di Tatar Sunda. Perenahna di Désa Néglasari, Kacamatan Salawu, Kabupatén Tasikmalaya. Béda jeung umumna kampung adat, Kampung Naga mah kawilang gampang didongkangna, lantaran tempatna henteu jauh ti jalan gedé antara Garut jeung Tasikmalaya.

Disebut kampung adat lantaran kabiasaan pendudukna anu masih kénéh pageuh nyekel adat kabiasaan karuhunna. Maranéhna pantrang ngarempak adat kabiasaan anu geus diguratkeun ku karuhunna. Nurutkeun kapercayaanana, ngarempak adat téh sarua hartina jeung henteu ngahargaan ka karuhun.

Wewengkon Kampung Naga legana lima héktar. Ari anu dijadikeun pakampungan aya 1,5 héktar ngawengku paimahan, pakarangan, balong, jeung pasawahan penduduk. Sésana leuweung, anu disebut leuweung karamat, lantaran di éta leuweung téh aya makam karuhun masarakat Kampung Naga.

Pakampunganana aya dina léngkob anu kawilang subur. Beulah kulon diwatesan ku leuweung karamat. Beulah kalér jeung wétan diwatesanan ku Walungan Ciwulan. Beulah kidul mangrupa lawang asup ka lingkungan pakampungan.

Upama urang rék asup ka jero pakampunganana kudu ngaliwatan jalan nurugtug, mangrupa séséngkéd, tapi geus ditémbok jeung dibalay ku batu témplék. Sasatna mah kudu ngaliwatan gawir. Malah aya anu nyebutkeun, sesebutan Kampung Naga téh, asalna mah Kampung Na Gawir, terus robah jadi Kampung Naga.

Baca Juga:  Asik Mandi, Seorang Bocah Asal Medan Hilang di Sungai Deli

Wangun imah di Kampung Naga kudu imah panggung, anu dijieunna tina kai jeung awi. Hateupna wangun julang ngapak kudu tina injuk, eurih, atawa kiray. Teu meunang aya anu maké kenténg. Teu meunang ditémbok deuih, sanajan mampuh ogé nyieun imah témbok atawa gedong. Sakabéh imah kudu nyanghareup ka kidul atawa kalér. Teu meunang dicét, iwal dikapur atawa diméni.

Panto imahna, teu meunang aya panto anu pahareup-hareup dina saimah. Anu matak panto tepas jeung panto dapur téh, sajajar aya di hareup. Lantaranana, nurutkeun kapercayaanana sangkan rejeki anu asup ka imah téh henteu bangblas, kaluar deui ngaliwatan panto dapur.

Pipinding tepas atawa tengah imah ku bilik anu buni, ari pipinding dapur mah kudu ku anyaman sasag anu carang. Ieu ogé aya alesanana. Ambéh babari kanyahoan ku tatangga lamun dapurna henteu ngebul, hartina henteu masak, upamana baé lantaran teu boga béas, jeung sajabana. Di jero imah teu meunang maké paparabotan saperti korsi, méja, jeung ranjang. Teu meunang maké listrik deuih. Cukup dicaangan ku cempor baé.

Baca Juga:  Sidak Pasar Tradisional di Purwakarta, Harga Bahan Pokok Relatif Stabil

Di Kampung Naga aya 113 wangunan, 110 wangunan di antarana mangrupa imah. Wangunan séjénna nya éta bumi ageung, balé patemon, jeung masjid. Bumi ageung tempat neundeun barang-barang pusaka, balé patemon tempat ngayakeun kumpulan warga jeung narima sémah, ari masjid tempat ibadah warga jeung ngayakeun upacara kaagamaan.

Ti baheula jumlah wangunan téh henteu leuwih ti sakitu sarta teu bisa ditambahan deui. Jadi upama aya warga Kampung Naga anu hayang nyieun imah anyar téh, lantaran anggota kulawargana nambahan, upamana, nya kapaksa wé kudu di luareun Kampung Naga.

Di Kampung Naga teu meunang nanggap kasenian anu datangna ti luar, saperti wayang golék, dangdut, kendang penca sarta kasenian lianna anu maké goong. Ari lalajo mah meunang urang dinya ogé, asal ulah di jero Kampung Naga. Kasenian anu meunang ditanggap di Kampung Naga nya éta terebang, beluk, jeung rengkong. Kasenian anu dianggap warisan turun-tumurun ti karuhunna.

Baca Juga:  Info Terbaru, Lokasi SIM Keliling Kota Bandung Hari Ini

Urang Kampung Naga ogé pantrang nyaritakeun ngeunaan lembur katut sajarahna dina poé Salasa, Rebo, jeung Saptu. Komo nyaritakeun luluhurna atawa karuhunna mah, dipahing pisan. Ari sababna poé Salasa, Rebo, jeung Saptu téh poéan nyepi.

Kampung Naga téh diadegkeun ku Sembah Dalem Singaparana, anu dianggap karuhun urang Kampung Naga, ratusan taun ka tukang. Sembah Dalem Singaparana téh salasaurang anu nyebarkeun agama Islam. Anu matak urang Kampung Naga mah kabéhanana ogé ngagem agama Islam. Ngan dina prak-prakan ibadahna diluyukeun jeung adat-cahara katut kabiasaan karuhunna. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.