Budaya Papaharé di Wanayasa

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Bulan Puasa pikeun urang Sunda mah, anu umumna ngagem agama Islam, mangrupa bulan istiméwa. Loba kagiatan anu dilaksanakeun enggoning mapag bulan Puasa.

Disebutna ogé munggah, anu ngandung harti “mancat” atawa “naék”. Unggah ka nu leuwih luhur, ka nu leuwih alus.

Di Cianjur jeung Padalarang aya papajar, di tempat séjén ngaranna botram. Tah, di Wanayasa mah aya papaharé.

Sanajan kiwari Wanayasa kaasup ka Kabupatén Purwakarta, tapi papaharé mah ngan kapanggih aya di sabudeureun Wanayasa.

Baca Juga:  Warna Seragam Satpam Serupa Polisi, Ini Kata Wakapolri

Saéstuna papaharé bisa dilaksanakeun iraha baé, ngan lolobana mah dilaksanakeun dina mangsana munggah nyanghareupan bulan Puasa.

Papaharé téh barangdahar babarengan teu béda ti botram atawa papajar. Ngan bédana papaharé mah kadaharanana mawa masing-masing, boh sanguna boh deungeunna, katut lalawuh lianna.

Ari tempatna, baheula mah di Alun-alun Wanayasa, Situ Wanayasa, atawa di Pasir Nagara Cina nu sok disebut Garacina ku uang Wanayasa. Brak baé dalahar babarengan di dinya.

Baca Juga:  Soal Surat Pembatalan Pilkades 2021 Dari Mendagri, DPMD Purwakarta Tanggapi Ini

Dina emprona mah, tangtu wé sok aya mangsana silihsorog deungeun sangu, silihasaan kaolahan. Dituluykeun kana ngobrol ngalor-ngidul sarupaning pasualan naon baé anu pantes jadi bukur catur harita.

Nepi ka kiwari kabiasaan papaharé masih kénéh hirup di Wanayasa. Tempatna ogé leuwih ngalegaan ambahanana, teu ngan saukur di sabudeureun Wanayasa.

Katambah deuih ayeuna mah di sabudeureun Wanayasa ogé geus loba tempat piknik, anu merenah dipaké papaharé. Papaharé bari piknik atawa sabalikna, piknik bari papaharé.

Baca Juga:  Datangi DPD RI, Sepuluh Rektor UIN Keluhkan Ini

Hanjakalna téh, budaya papaharé can aya nu ngagarap enya-enya jadi bagian tina déstinasi wisata di Wanayasa.

Papaharé téh sacara hapiah mah ngandung harti “teu maliré ka batur”, teu béda ti nu “haré-haré”. Tapi dina emprona mah teu kitu, tadi ogé disebutkeun, sok rajeun silihasaan kaolahan apan.

Ngaranna papaharé sotéh, tapi nyatana mah bagéan tina guyubna kahirupan sosial masarakat, sangkan henteu haré-haré.

Yu, papaharé! (Red)

Rubik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah