Karakter Wayang (1): Anu Haradé Haté

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Unggal tokoh wayang miboga adat jeung pasipatan (katakter) séwang-séwangan. Teu béda ti jelema baé, lantaran mémang gambaran tina kahirupan jelema. Boh di India boh di urang, méh taya bédana.

Éta karakter téh digambarkeun dina réngkak paripolahna, omonganana, cara ngomongna, jeung cara nyanghareupan masalah anu tumiba ka dirina. Kaasup dina carana mandang jeung nyanghareupan nu lian.

Dalang mah kudu apal kana karakter hiji-hijina wayang, sangkan hentu kaliru dina ngamaénkeunana. Dina salahna, bisa jadi geuhgeuyan nu lalajo.

Di handap aya sawatara karakter wayang anu sok jadi tokoh anu bener dina lalakon pawayangan.

Kresna, wijaksana, omonganana sarwa matak resep, lentongna parondok, sora semu heumpeung tapi patitis tur lucu.

Ngomongna écés, jéntré, atra, tétéla; upama nerangkeun naon-naon téh mani nanceb kana haté nu ngadéngé. Lamun ambek tara ceplak pahang, tapi ku sindir anu nyeletit tur hésé dibalesna.

Yudistira, daék éléh sungkan meunang (legowo), lamun perlu pasrah ngécagkeun kamulyaan atawa nunda kasenangan pribadi, asal batur ulah nyerieun haténa.

Suci atina, luhur budina, pohara handap asorna, lungguh ampuh, tara réa omong, ngagedékeun kajatnikaan, tara aya ucap atawa tingkah nu matak ngagasruk kana haté batur.

Baca Juga:  Keren! Ridwan Kamil Kembali Raih Penghargaan Internasional

Bima, jembar panalarna, paham kana paramacipta (luhur ngulik élmu) tapi disidem henteu katara. Sanajan teu payaan, ari haténa mah saenyana murah, malah daék ngéléhan manéh, lamun perlu pikeun karapihan mah.

Kukuh ngeukeuhan bebeneran, sagala sahinasna, saceplakna tara aya nu dikemu. Lamun kudu nerapkeun pangadilan, sanajan dulur atawa anak ogé misti dihukum nu satimbang jeung kasalahanana.

Sagala kaperluan sawajarna, basajan teu mamrih alusna, tapi asal kaarah gunana baé (mun maké teu ngarah midang, asal ulah orat, mun dahar teu mamrih ngeunah asal seubeuh, mun pakarang – upamana baé gada – teu diukar-ukir direngga-renggi asal puas ngagebugkeunana baé).

Ari ngomongna heuras getas tapi satarabasna jeung tara ngahina. Teu sieun ku picilakaeun, ngéwaeun ka nu sok lalawora atawa nu goréng gawé.

Henteu resep tuturut munding atawa ula-ilu. Ka nu goréng lampah pohara ceuceubna. Najan ka déwa tara daék leuleuy.

Ka nu saluhureun pohara nurutna (mituhu). Kana jangji tara cidra sanajan di ahir kanyahoan, yén baris ngarugikeun atawa matak cilaka, lamun geus jangji mah dilakonan baé.

Baca Juga:  Wisata Pantai Puncak Guha Garut Cocok Untuk Liburan Lebaran

Arjuna, luhur budina, lantip tur jembar panalarna, sugih wiwekana, saparipolahna matak resep. Lungguh timpuh tara réa omong, ngagedékeun kajatnikaan.

Ana rajeun ngomong sarwa patitis, lentongna ngareunah, wanter tur ludeungan, tara sombong atawa takabur, tara kersa dihina, welasan, inggis nyorang kaluluputan, sarta upama boga dosa sok tuluy masrahkeun manéh pikeun nampa hukumanana.

Saumurna nu diudag-udag téh taya deui ngan kaluhuran budi (resep guguru jeung tatapa), aya bakat dipikabogoh ku unggal awéwé.

Jadi lain Arjuna nu sok néangan atawa ngadatangan awéwé, sakumaha nu sok dicaritakeun ku sawatara dalang. Saenyana dasar bakatna Arjuna, nyaba ka mana baé sok aya nu bogoheun.

Nakula-Sadéwa, satingkah paripolah ucapna ngukuhan susila (pangger nahan napsu jorang). Handap asor, hadé basa tur alus rékaan omongna (dina basa Jawana mah lukita); sabar tawekal pasrah dina meunang cocoba.

Ka saluhureun pohara hormat tilawatna. Tara mungpang atawa nyawalaan kana pirempug para sepuh.

Gatotkaca, sagala ucap réngkakna nya temen nya anteb, rikat terampil. Lamun ngomong heureut sorana cara nu ditahan, henteu ngeunaheun kadéngéna.

Budina luhur, tara cidra kana jangji, taya kasieun, wani najan nyorang balai. Pohara makéna kana tatakrama. Henteu kaitung pinter tapi tara gugup. Kacida ngésto ka nu saluhureun.

Baca Juga:  Gojek Terang-terangan Enggan Beri THR Driver, Begini Penjelasannya

Sanajan kawentar gagah sakti mandraguna, kacida ngajénan jeung ngahormatna ka nu jadi indung.

Abimanyu, cara Arjuna tapi leuwih lungguh, ngajauhan sakur nu patali jeung cawokah atawa pajorangan, bisa nyandet napsu, tahan ku gogoda.

Baladéwa, sagala sacéréwéléna, sahinasna. Sanajan teu kaopan, ari haténa mah balabah jeung béréhan (kawasna anu dina basa Sunda disebut “hambur bacot murah congcot” téa).

Wani ngajalankeun pagawéan nu bangga: kurang wiwéka, kacida barangasanana, pondok jeujeuhan tapi beunang dibawa bener (tegesna lamun geus kahartieun mah kagorénganana, Baladéwa tuluy mundur, teu daék milu campur).

Baladéwa téh tara ngukut kabingung miara kasusah; lamun nandangan prihatin gancang palérna.

Semar, wijaksana cara déwa, sagala rupa ucap réngkak némbongkeun héman jeung getén baé, ngajaga sangkan nu diasuhna ulah nepi ka pinangih kaprihatinan sumawonna cilaka.

Orowodol, legag-legig, jarambah tapi henteu matak ngéwa, malah ngan matak resep nu aya. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah