Sabagéan “Highway Pajajaran” Aya di Purwakarta

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Ti Jaman Pajajaran kénéh ogé Purwakarta mah geus kaitung ramé (ceuk ukuran harita mah), sabab geus kaliwatan ku jalan nu nyambungkeun Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda.

Jalanna ngembat ti Kawali (di Ciamis kiwari) nepi ka Batutulis di Bogor. Éta jalan téh, ceuk paraahli sajarah mah geus aya ti abad ka-11 mula.

Jalan anu ku Amir Sutaarga dilandih “Highway Pajajaran” téh rutena: Kawali – Talaga – Karangsambung – Tomo – Cisalak – Jalancagak – Sagalahérang – Wanayasa – Cikao – Tanjungpura – Warunggedé – Cibarusah – Cileungsi – Pakuan.

Baca Juga:  Ramalan Zodiak Hari Ini, Mendengarkan Musik dan Bersantai Menjadi Pilihan Tepat

Mun ku ayeuna mah éta jalan téh ngaliwatan Kabupatén Ciamis, Majalengka, Sumedang, Subang, Purwakarta, Karawang, Bekasi, jeung Bogor. Mun aya nu rék haat napak tilas téh, matak capé atuh.

Ari di Purwakarta kiwari patilasan “Highway Pajajaran” téh manjang ti Garokgék (Kiarapedes) nepi ka Cikao anu kiwari ngaranna jadi Cikaobandung (Jatiluhur). Sésa jalanna masih kénéh aya ayeuna ogé.

Ti Garokgék terus ngulon nepi ka Wanayasa. Ti Wanayasa méngkol ka katuhu, ngaliwatan Situ Wanayasa, tanjakan Pasirpanjang anu kiwari nelah Rancadarah, nepi ka Pasawahan.

Baca Juga:  Beraksi Dua Kali, Akhirnya Duet Curanmor Di Bekasi Ini Ditangkap

Ti Pasawahan jalan téh nyabang dua. Nu ka kénca ngaliwatan Parakanlima, nu lempeng brasna ka Sindangkasih. Engkéna mah jalan téh tepung deui di Ciganéa, terus ka Kembangkuning, nepi baé ka Cikao.

Ti Cikao meuntas Walungan Citarum pikeun neruskeun lalampahan ka Tanjungpura. Kitu deui sabalikna.

Ti Pasawahan ka Sindangkasih jalan téh kaitung lempeng, ngan mudun. Nepi ka lebah erél karéta api kiwari, méméh Pasar Rebo.

Baca Juga:  3 Tips Tingkatkan Produktifitas Otak Di Akhir Pekan

Ti dinya méngkol ka kénca, ngaliwat ka Cigedogan. Mapay sisi nepi ka Walungan Cikao, terus meuntas sasak anu brasna ka Ciganéa. Sasakna harita, sed saeutik ti di Sasak Beusi ayeuna.

Merenah upama aya anu nyebutkeun yén Wanayasa, Pasawahan, Parakanlima, Sindangkasih, Kembangkuning, jeung Cikao; kaasup tempat-tempat heubeul téh. Sabab ti baheula kénéh ogé geus kaliwatan ku jalan anu nepungkeun Tatar Sunda ti wétan ka kulon. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.