Bénjang, Seni Gulat Tradisional ti Ujungberung Bandung

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Bénjang téh kasenian Sunda anu aya di wewengkon Ujungberung, Kota Bandung, jeung sabudeureunana. Bisa disebut kasenian anu kumplit.

Disebut kumplit lantaran dina bénjang mah aya unsur karawitanana, seni tarina, jeung atraksina deuih.

Dina pintonan bénjang aya igel anu mirip jeung gerakan-gerakan penca silat. Diteruskeun kana atraksi, nya éta tarung anu mirip jeung gulat. Malah bisa disebutkeun gulat tradisional. Bari jeung dipirig ku tatabeuhan jeung lalaguan éta téh.

Dina lebah tarungna, taya aturan anu husus saperti umumna seni béla diri. Taya sarat saperti beurat badan, umur, jangkung, atawa pendék. Taya kelas-kelasna dumasar kana beurat badan saperti dina gulat atawa penca silat.

Baca Juga:  Bawaslu Cianjur Perintahkan Panwascam untuk Tertibkan Alat Peraga Kampanye

Saratna mah asal wani wé ngayonan lawan. Der baé makalangan.

Aturan éléh-meunangna ogé basajan deuih. Asal pamaén teu bisa mingé deui, teu bisa leupas tina heumpikan lawan dina kaayaan nangkarak, éta anu dianggap éléh. Nya kudu diganti ku pasangan pamaén séjénna.

Tangtu wé sangkan unggul di pakalangan, pamaén bénjang kudu mahér kana gerakan-gerakan anu aya dina bénjang.

Baca Juga:  Penutupan Jalan Protokol di Purwakarta, Kendaraan Ini yang Boleh Lewat

Dina sawatara gerakan mah méh taya bédana jeung gerakan-gerakan penca silat. Upamana baé miting, ngaheumpikan lawan sangkan teu bisa hojah deui. Éta kaasup kana téhnik koncian.

Tuluy aya deui anu disebut gerakan mulung. Éta kaasup kana téhnik ngabeubeutkeun lawan anu keur ngaheumpikan urang. Éta di antarana. Hartina masih kénéh loba téhnik-téhnik dina bénjang.

Ari waditra anu dipaké mirig bénjang nya éta terebang, kendang, bedug, tarompét, jeung kecrék. Lagu-lagu anu dimaénkeunana, di antarana baé “Kembang Beureum”, “Sorong Dayung”, jeung “Rénggong Gancang”. Tapi bisa ogé ngamaénkeun lagu-lagu kaayeunakeun saperti “Mobil Butut”, “Talak Tilu”, jeung “Kuda Sumedang”.

Baca Juga:  Pemkab Bogor Resmi Buka Rekrutmen PPPK 2023, Berikut Jumlah Formasi dan Syaratnya

Bénjang biasa dipintonkeun di tempat lega anu ngablag. Mun di rohangan, nya kudu lega. Biasana ditanggap di nu kariaan, acara Agustusan, jeung acara-acara lianna.

Dina kamekaranana kiwari, bénjang téh sok diwuwuhan ku badud, kuda lumping, bangbarongan, jajangkungan, atawa topéng bénjang. Matak mikabutuh tempat anu lega. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah