Candi Bojongménjé, Titinggal Sajarah Sunda di Rancaékék

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Majarkeun téh di Tatar Sunda mah kakurangan titinggal sajarah, utamana anu mangrupa candi. Anggapan kitu téh ayeuna mah geus bisa disebutkeun salah. Apan ayeuna mah geus tinggoréhél titinggal sajarah anu mangrupa candi di sakuliah Tatar Sunda.

Di antarana baé Candi Cangkuang di Lélés Garut, Candi Ronggéng di Ciamis, Candi Talun di Subang. Malah di Batujaya Karawang mah geus kapanggih komplék candi anu kacida legana. Ceuk para ahli mah, diduga leuwih lega ti komplék Candi Borobudur. Malah bisa jadi, panglegana sa-Nusantara.

Soal candi, Kabupatén Bandung ogé henteu tinggaleun. Bulan Agustus 2002, di Kabupatén Bandung kapanggih ayana patilasan candi. Perenahna di Kampung Bojongménjé, Désa Cangkuang, Kacamatan Rancaékék. Padahal saméméhna di wewengkon Rancaékék can kungsi aya laporan ngeunaan ayana obyék purbakala.

Baca Juga:  Terlibat Kasus Narkoba, Ternyata Siswa di Bandung Barat dapat Tembakau Sintetis dari Medsos

Kapanggihna Candi Bojongménjé téh sasatna mah henteu dihaja. Harita téh tanggal 18 Agustus 2002 pasosoré, Pa Ahmad Muhammad jeung Pa Rochman sabatur-batur keur ngararata lahan kuburan. Getruk téh pacul Pa Rochman keuna kana barang anu teuas-teuas. Barang ditelek-telek, singhoréng tumpukan batu anu nyusun.

Isukna dikali deui ku Pa Ahmad sabatur-batur anu lobana 12 urang, dijeroan nepi ka saméter leuwih. Tétéla mangrupa susunan batu salapan lapis. Sanggeus kitu mah, dilaporkeun wé ka Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat jeung Balai Arkéologi Bandung.

Baca Juga:  Ingat! ASN Kota Bandung Dilarang Ambil Cuti Saat Libur Akhir Tahun 2021

Tétéla cenah, éta téh mangrupa bagian tatapakan candi anu geus runtuh. Disebut Candi Bojongménjé lantaran ayana di Kampung Bojong-ménjé. Ceuk paraahli, upama nilik kana gaya bangunan lebah tatapak-anana mah, éta candi téh dijieunna kira-kira abad ka-7 atawa ka-8 Maséhi. Dina mangsa bangsa urang ngagem agama Hindu.

Kapanggihna deui Candi Bojongménjé ngahudang ingetan urang Kampung Bojongménjé anu geus karolot. Cenah baréto mah di Kampung Bojongménjé téh aya sawatara wangunan anu disebut candi. Anu disebut Candi Bojongménjé ayeuna, baheulana mah disebut Candi Orok. Pédah di dinya kapanggih arca batu anu ngagambarkeun awéwé nu keur nimang orok.

Baca Juga:  Polri: Polisi Tembak Rekannya Terancam Dapat Hukuman Mati

Di wétaneun Candi Orok, aya Candi Wayang, pédah kapanggih aya arca anu ngajajar saperti wayang dina janturan. Teu jauh ti dinya aya deui candi, anu disebut Candi Kukuk. Hanjakal, anu kakara dikali téh Candi Orok alias Candi Bojongménjé. Kitu ogé bari hésé béléké, lantaran lahanna geus kakepung ku pabrik jeung imah warga. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan, Kang Budi Rahayu Tamsyah