Emplod Ngeunah, Si Endog Léwo ti Malangbong

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Lamun pareng ka Malangbong, boh nganjang boh ukur ngaliwat, tong poho nanyakeun emplod. Sakali deui emplod nya. Bisi panasaran wé, sabab ceuk béja loba anu deudeuieun sanggeus ngasaan éta emplod.

Mun teu kitu, tanyakeun baé endog léwo. Sarua baé da. Endog léwo téh ngaran alias tina emplod, nya éta ngaran kadaharan has Malangbong anu dijieunna tina sampeu sarta kiwari geus mimiti nanjung.

Anu matak disebut endog léwo, kabadé meureun sababna mah. Lantaran éta kadaharan rupana baruleud siga endog, sagedé-gedé endog puyuh, asalna ti Léwo. Apal Léwo mah nya. Enya éta, ngaran salasahiji kampung anu aya di Malangbong.

Baca Juga:  Dishub Jabar Dirikan 283 Posko Selama Nataru di Lokasi Rawan

Ari anu mimiti nyieunan emplod alias endog léwo keur jualeun nya éta Haji Amin, urang Kampung Léwo, Désa Sukajaya, Kacamatan Malangbong. Kira-kira taun 1970-an.

Harita di Léwo téh réa sampeu. Haji Amin mikir, kumaha carana sangkan sampeu anu loba dipelak di Léwo téh henteu mubadir lantaran teu kadahar. Sampeu téh kuduna mah bisa diolah jadi kadaharan anu bisa dipikaresep balaréa. Nya miang tina pamikiran éta, Haji Amin ngolah sampeu jadi emplod.

Mimitina emplod Haji Amin téh ngan didagangkeun di Pasar Léwo wungkul. Teu disangka-sangka, emplodna téh dipikaresep ku balaréa. Emplod Haji Amin téh payu pisan, malah usahana beuki lila, beuki maju baé.

Baca Juga:  Ini Bentuk Perhatian Pemkab Purwakarta kepada PABBSI

Emplod buatanana lain baé dipasarkeun di Malangbong, tapi nepi ka Limbangan jeung Cicaléngka deuih. Ti harita, éta emplod téh katelah endog léwo. Kiwari endog léwo geus sumebar nepi ka Tasikmalaya, Subang, Sumedang, jeung Bandung.

Endog léwo téh jadi kadaharan has Malangbong. Geus ilahar, mun urang Malangbong nyaba, sok mawa endog léwo keur oléh-oléhna. Kitu deui sabalikna, mun aya nu nganjang ka Malangbong, balikna sok dibekelan endog léwo.

Baca Juga:  Soal UMKM Juara Award, Uu Ruzhanul Ulum Minta Evaluasi Perkembangan UKM

Harga endog léwo téh kaitung murah pisan. Salian ti éta, prosés nyieun endog léwo kaitung babari da bahanna teu hésé nyiarna. Baheula mah lolobana make sampeu manihot, tapi kiwari make sampeu hibrida anu ku urang Léwo disebut sampeu jantung.

Sampeu dikulub jeung parud kalapa, geus asak ditutuan bari dicampuran uyah, bawang bodas, jeung bawang daun. Adonan dikanawadahkeun, dikeureutan jeung diemplé-emplé sina baruleud, tuluy baé digoréng nepi ka rangu. (Bahan tina Ensiklopédi Alit Garut jeung sumber lianna).

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.