Kutatandingan, Titinggal Karajaan Tarumanagara anu Nyésa

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Kutatandingan téh tempat heubeul, anu geus kacatet ayana ti Jaman Karajaan Tarumanagara mula. Salahsahiji karajaan daérah bawahan Karajaan Tarumanagara jeung Karajaan Sunda.

Kiwari mangrupa gundukan pasir jeung pilemburan di antara Désa Parung Mulya jeung Désa Mulya Sejati di Kacamatan Ciampel, Kabupatén Karawang.

Wewengkon Kutatandingan ngurung tujuh kuta nya éta Kutamariem, Kutagombong, Kutakulambu, Kutamasigit, Kutabarang, Kutajati, jeung Kutapohaci. Anu pangdeukeutna ti Ciampel nya éta Kutamariem, di bagéan girang Walungan Cisubah, anu caina hérang can keuna ku polusi.

Ceuk urang dinya, taya wates anu jelas di antara masing-masing kuta di Nagara Kutatandingan. Ngan katémbong cirina baé, anu dianggap puseur di éta wewengkon. Upamana baé Kutamariem puseurna di Guha Muhara, Kutamasigit cirina gawir nangtawing tilu méteran, Kutakulambu puseurna tangkal gedé anu jadi dina batu.

Baca Juga:  Berikut ini Sejumlah Wilayah di Jawa Barat Yang Berpotensi Hujan Lebat

Di Kutatandingan ogé loba guha deuih. Di antarana baé Guha Parigi, Guha Muara, Guha Berlian, Guha Jasman, Guha Masigit, Guha Pangimbaran, jeung sawatara guha lianna anu can kasaba ku jelema loba.

Guha Parigi perenahna di gawir Kiara Kumpay. Loba jelema anu ngadon tatapa atawa ngadon muja hayang beunghar di dinya. Nu matak di éta guha mah geus aya kuncénna.

Baca Juga:  Pengenalan Pancasila kepada Pelajar di Lokasi TMMD

Guha Muara aya di sisi Walungan Cisubah. Ti jero guha bijil cai anu hérang. Wétaneunana aya Guha Berlian, lantaran loba batu anu kulap-kelip lir berlian. Teu jauh ti dinya aya Guha Jasman, anu ngaluarkeun cai beresih jeung hérang, sarta sok dipaké cai kabutuh sapopoé masarakat.

Ti Kutamariem ka Kutamasigit téh jauhna kira-kira dua kilométer. Ngaliwatan Kutabarang, Kutagombong, jeung Kutakulambu. Di Kutamasigit aya cinyusu anu katelahna Cikebo. Caina kaluar tina sela-sela batu, anu tara saat, sanajan halodo panjang.

Baca Juga:  Polda Jabar Cek Kesiapan Samapta Polres Majalengka Jelang Pelantikan Presiden

Di Kutatandingan mémang loba guha sarta teu saeutik anu di jerona aya walungan. Geus tangtu euyeub ku titinggal sajarah mah nya. Meujeuhna mun dijadikeun pangjugjugan (déstinasi) wisata budaya jeung sajarah téh. Ngan tangtu wé perlu dibebenah deui, teu cukup ku ngandelkeun pamaréntah daérah deuih.

Mudah-mudahan baé Kutatandingan teu kagiridig nepi ka burak-barik ku pangwangunan (saperti karéta cepat), anu biasana mah tara maliré kana kabeungharan budaya jeung sajarah daérah. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.