Diajar Miara Alam ka Kampung Kuta Ciamis

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Kampung Kuta téh kampung adat anu perenahna di Désa Karangpaningal, Kacamatan Tambaksari, Kabupatén Ciamis.

Disebut Kampung Kuta, lantaran dilingkung ku pasir jeung gawir nangtawing, lir anu dikuta. Disebut Kampung adat, lantaran nepi ka kiwari urang dinya masih kénéh mageuhan adat istiadat jeung tatali paranti karuhunna.

Imahna, angger ti baheula ogé, taya anu ditémbok. Komo dibeton jeung dikeramik mah. Kudu imah panggung anu sakabéh dangdananana tina kai jeung awi.

Hateupna tina injuk atawa kiray. Teu meunang maké kenténg. Ari sababna, kenténg mah upama peupeus, moal balik deui jadi taneuh. Akibatna bakal ngotoran lembur.

Ari wangun imahna kudu imah panjang. Teu meunang imah wangun léter L atawa léter U. Jeung teu meunang nyanghareup ka wétan deuih.

Aya benerna ogé. Apan geus kabuktian, imah panggung leuwih tahan diendagkeun ku lini tibatan imah témbok. Jeung leuwih séhat deuih, lantaran sirkulasi hawana leuwih lancar. Taya hawa malik saperti imah témbok.

Baca Juga:  Pancasila Sebagai Konsensus, Guru Besar UMS: Jangan Utak-atik Lagi

Di sabudeureun Kampung Kuta aya leuweung tutupan anu disebut Leuweung Gedé. Éta leuweung dianggap karamat ku urang dinya mah.

Anu matak, upama rék asup ka éta leuweung, loba pantranganana. Di antarana baé, teu meunang maké dadampar suku (sendal atawa sapatu). Kudu nyékér.

Teu meunang héhéotan atawa nyiduh. Teu meunang maké baju dines jeung teu meunang maké baju hideung-hideung deuih. Teu meunang ngomong sompral jeung gandéng. Teu meunang kiih, komo nepi ka bubuang di leuweung mah.

Teu meunang ngaganggu sakur anu aya di leuweung. Tong boroning nuar kai, nyokot régang, rangrang, jeung rokrakna ogé teu meunang. Komo mun nepi ka ngadurukan mah. Upama dirempak, cenah sok aya matakna. Urang dinya mah kacida palercayana.

Baca Juga:  Hobi Nonton Drama Korea, Simak Info Ini

Dipikir dibulak-balik, mémang aya benerna. Lamun leuweung diruksak, baris timbul rupa-rupa kasusah. Susah lantaran hésé cai, susah lantaran urug, jeung sajabana. Mangkaning hirup urang salawasna gumantung kana cai. Geura cobaan wé sapoé teu manggih cai, bakal karasa leuwih ripuh tibatan teu manggih dahar atuh.

Anu matak di sabudeureun Kampung Kuta mah masih kénéh cur-cor cinyusu anu caina canémbrang hérang. Tara kabéjakeun kakurangan cai sanajan halodo entak-entakan ogé. Cenah gé, lamun leuweung ruksak, cai béak, urang pasti balangsak.

Di jero kampung jeung sabudeureunana, teu meunang nyieun sumur deuih. Kawas anu teu pira, tapi saenyana éta pantrangan téh kacida alusna. Di antarana sangkan urang ulah kaleuleuwihi ngunjalan cai ti jero taneuh.

Baca Juga:  Pengunjung Kebun Binatang Bandung Meningkat, Protokol Kesehatan Diperketat

Maksudna jelas, sangkan cadangan cai taneuh henteu béak. Leuwihna ti éta, sangkan henteu jadi matak kana tanahna anu labil.

Pantrangan séjénna anu patali jeung kahirupan sapopoé, di antarana teu meunang maké perhiasan méwah.

Teu meunang némbongkeun hal-hal anu aya patalina jeung kaméwahan duniawi. Kaasup pangkat jeung jabatan. Éta téh nitah urang sangkan hirup basajan.

Di Kampung Kuta, urang moal manggihan kuburan. Ari sababna, aya pantrangan nguburkeun mayit di éta kampung jeung sabudeureunana.

Omongna téh, Kampung Kuta mah keur jalma anu hirup, lain keur jalma anu geus paéh. Lamun dirempak, baris nimbulkeun panyakit anu hésé piubareunana.

Kiwari Kampung Kuta jadi salasahiji déstinasi wisata anu kajojo ku turis lokal jeung mancanagara. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah