Goong Rénténg Émbah Bandong Ditabeuhna Unggal Bulan Mulud

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Goong rénténg téh salasahiji jenis gamelan asli Sunda anu kawilang kolot. Sakurang-kurangna geus dipikawanoh ti abad ka-16. Sumebar di sakuliah Jawa Barat. Sanajan kiwari ngan kari sababaraha hiji deui. Salasahijina goong rénténg anu aya di Kabuyutan Lebakwangi, Kecamatan Arjasari, Kabupatén Bandung, anu katelah goong rénténg Embah Bandong.

Istilah goong rénténg téh gabungan tina kecap “goong” jeung “rénténg”. Kecap “goong” mangrupa kecap basa Sunda kuno anu ngandung harti “gamelan”. Ari kecap “rénténg” patali jeung cara neundeun pencon-pencon kolénang anu ngajajar, anu dina basa Sunda disebut ogé “ngarénténg”. Jadi, sacara harpiah mah goong rénténg téh nya éta goong (pencon) anu disusunna ngarénténg.

Baca Juga:  Ridwan Kamil Keluarkan Alarm Bahaya, Siaga Satu Bencana Alam!

Goong rénténg miboga dua laras nya éta saléndro jeung pélog. Waditrana diwangun ku kongkoang, cemprés, paneteg, jeung goong. Cara nabeuhna ditakol, iwal paneteg anu ditepak.

Saliwat mah waditra goong rénténg téh méh taya bédana jeung gamelan degung. Ngan goong rénténg umurna leuwih kolot. Anu matak wajar upama aya anu boga anggapan yén gamelan degung téh asal-muasalna mah tina goong rénténg. Wajar deuih, ku lantaran kakolotanana, umumna goong rénténg anu ayeuna masih kénéh aya dianggap barang karamat. Boh ngurusna, boh nabeuhna henteu bisa sambarangan.

Baca Juga:  Warga di Cilaku Cianjur Keluhkan Peternakan Ayam Telur: Bau dan Banyak Lalat!

Goong rénténg Embah Bandong, upamana, ditabeuhna téh unggal bulan Mulud dina acara Muludan jeung ngebakan. Ngebakan téh upacara ngamandian jeung meresihan barang-barang pusaka nu aya di kabuyutan unggal tanggal 12 Mulud. Sakaligus pikeun ngabuktikeun ka balaréa, yén goong rénténg kabuyutan masih kénéh disada, anu sakapeung mah diwuwuhan ku hal-hal anu sipatna mistis.

Baca Juga:  Sidang Perceraian Bupati Purwakarta ditunda, Ini Penyebabnya

Baheula mah goong rénténg téh sok ditabeuh pikeun ngareuah-reuah pésta kanagaraan di kabupatén. Goong rénténg Embah Bandong ogé kungsi ditabeuh dina acara Congres Java Institut di Bandung, tanggal 17 Juni 1921. Hanjakal ayeuna mah goong rénténg téh geus kurang dipikawanoh. Malah bisa jadi kalolobaanana urang Sunda teu apal, yén goong rénténg téh gamelan has Sunda. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.