Uga Kabukana Lamun Geus Kajadian

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Biasana mun aya hiji kajadian gedé, sok loba anu ngaguar soal uga. Disurahan bari jeung umumna mah ngan saukur dikira-kira ngagunakeun élmu kirata (dikira-kira sugan nyata). Keun sual élmu kirata mah nya, guareun engké deui. Ayeuna mah urang guar dumasar élmu basa baé.Ceuk élmu basa mah uga téh nya éta siloka anu eusina tujuman kana parobahan penting kaayaan pajamanan jeung kaayaan nagara dina hiji mangsa.

Kadé pahili jeung cacandran. Ari cacandran mah gambaran kaayaan hiji daérah dina hiji mangsa saperti “Bandung heurin ku tangtung”; éta cacandran, lain uga. Sual cacandran geus dipedar ti heula.

Nu kumaha ari uga? Contona mah kieu:

  • Sunda nanjung lamun nu pundung ti Bandung ka Cikapundung geus balik deui.
  • Nagara karta raharja lamun lebak cawéné geus kapanggih.
  • Ari anu bakal jadi ratu, baju butut babadong batok, anu jolna ti Gunung Surandil, bandérana karakas cau.
Baca Juga:  Mobil Suzuki Baleno Terguling di Pasawahan Purwakarta, Terlibat Kecelakaan dengan Tabrak Agya

Upama ku urang ditengetan, eusi uga mah henteu nembrak. Kudu disurahan deui. Geura baé. Saha anu pundung ti Bandung ka Cikapundung téh? Di mana Lebak Cawéné téh? Naon anu dimaksud baju butut babadong batok?

Bakal nembrak lamun geus kasorang, saperti ungkara “saumur jagong” dina Jaman Jepang. Apan anu ngaranna “saumur jagong” mah ngan tilu bulan satengah, ti mimiti ceb dipelak nepi ka kaala buahna. Ari buktina mah geuning tilu taun satengah. Aya waé anu nyurahan “saumur jagong” téh cenah ti mimiti binih nepi ka teu bisa dijieun binih deui. Enya henteuna, can aya nu nalungtik.

Conto séjénna, sakumaha anu ditétélakeun ku Haji Hasan Mustafa: Ari conto-contona omongan baheula.

  • “Jaga mah, barudak, sajajalanna disaungan.” Béh karéta api.
  • “Gancang carita béja, mun geus aya balabar kawat.” Béh telegram.
  • “Jaga mah, barudak, batu turun keusik naék.” Béh anak somah naék pangkat, anak ménak teu jadi pangkat.
  • “Jaga mah, barudak, nganteuran ka nu digawé gé mawa kéjo dina iteuk, nandakeun angger gawé.” Béh nu dagang di pagawéan.
Baca Juga:  Dedi Mulyadi Desak Kementerian Kelautan dan Perikanan Soal Ekspor BBL

Conto uga séjénna:

  • Engké lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati
  • Engké saupama Bui Banceuy geus aya anu ngabongkar, Kota Bandung téh bakal dimaratuhan ku jelema-jelema baringung. Poé ieu ngadegkeun wawangunan, isukna dibongkar deui. Cindekna: kuriak teu anggeus-anggeus.
  • Sunda nanjung, lamun pulung turun ti Galunggung.
  • Urang kudu peperangan, dina keur nyieun jalan tengah di Gunung Kendeng, maung ngembang dadap, di cai buhaya ngembang kaso. Dina keur peperangan kadé kudu bareng jeung kolot, urang ulah hareup teuing bisi kaleyek, ulah tukang teuing bisi katinggaleun.
  • Kota Garut bakal pindah ka Bagendit, ti dinya bakal pindah deui ka Cilauteureun di Basisir Samudera Hindia. Ka hareupna bakal ngadeg dua nagri (kota) di Kandangwesi (Garut) jeung Cidamar, masing-masing ngaranna téh Jayanti jeung Jayana.
  • Di akhir jaman bakal loba parahu. Urang Dukuh mah makéna parahu belang.
  • Jaga di Cilauteureun bakal ngadeg leuit salawé jajar, sajajarna salawé suhunan, sasuhunanana dieusian paré salawé caéng.
  • Nagara ilang komara; rahayat pinanggih lara; sagala kias teu mental; sakabéh pamingpin bingung. Geus kitu bakal muncul Ki Sunda nu katilu. Nu katilu mah can jisim; pinunjul ahli nagara; pinter tur perténtang ngomong; kaloka ka jagat ingwang; tabah ngolah paréntah; kaceluk manusa punjul; taya pibandingeunana.
Baca Juga:  Bawaslu Kabupaten Bandung Akui Kesulitan Ungkap Kasus Dugaan Money Politik

Saéstuna, unggal wewengkon, utamana anu dianggap “wewengkon kolot” saperti di kampung adat, miboga uga anu masih kénéh dibulen ku siloka. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah