Babaritan di Pangandaran, Karawang, jeung Kuningan

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Aya babasan “ciri sabumi sacara sadésa”, hartina unggal wewengkon miboga tata cara sarta kabiasaan anu henteu sarua. Sanajan kecapna sarua baé. Upamana baé soal Babaritan.

Babaritan atawa Babarit téh upacara adat anu dilaksanakeun pikeun sukuran ka Gusti Nu Mahasuci. Prak-prakanana mah méh sarua, tapi waktuna henteu kabéh sarua.

Bisa jadi di wewengkon séjén ogé aya Babaritan téh. Ngan pikeun conto mah, urang pedar baé Babaritan atawa Babarit di Pangandaran, Karawang, jeung Kuningan.

Di Pangandaran Babaritan téh disebutna Babarit. Biasana dilaksanakeun unggal tanggal 1 Muharam, saperti anu sok dilaksanakeun unggal taun di Dusun Cipicung, Désa Karangsari, Kacamatan Padahérang.

Maksudna mah taya lian, ngébréhkeun rasa sukur ka Gusti Nu Mahasuci, bari neneda sangkan disinglar tina pancabaya, sarta ka hareupna aya dina kasalametan tur kamarasan hirup jeung huripna.

Baca Juga:  Pasien Positif Covid-19 di Purwakarta Mulai Dipindahkan, Ini Lokasinya

Biasana acara dilaksanakeun bada Asar, ari tempatna di tengah-tengah lembur. Tangtu baé dihadiran ku sakumna warga lembur bari hénteu lengoh. Aya anu mawa tumpeng, bakakak, kaolahan, kuéh-kuéh, bungbuahan hasil tatanén, jeung sajabana.

Di Karawang mah béda deui. Babaritan dilaksanakeun sabada panén, saperti anu sok dilaksanakeun di Désa Cikalong, Kacamatan Cilamaya Wétan. Intina mah sarua, sukuran ka Gusti Nu Mahasuci pédah geus panén. Komo mun hasil panénna mucekil mah.

Acara dilaksanakeun di tempat anu dianggap karamat ku urang dinya. Tah, di Cikalong mah di Makam Ki Buyut Kenar, di Dusun Tenggulun. Diwuwuhan ku sidekah jeung ngadoa babarengan.

Sarua anu daratang ka dinya henteu laléngoh. Umumna mah mawa kaolahan anu geus disiapkeun saméméhna, kayaning tumpeng, bakakak, rupa-rupa kaolahan jeung kuéh lembur lianna. Brak baé dipurak babarengan di dinya, sabada didoaan.

Baca Juga:  Seorang Polisi Di Sergai Ditemukan Tewas, Diduga Bunuh Diri

Peutingna diayakeun pagelaran wayang kulit, anu tempatna teu jauh ti dinya. Minangka ngaruat bumi. Anu matak kana Babaritan di dinya sok aya ogé anu nyebut “Hajat Bumi”.

Hal anu sarua ogé sok dilaksanakeun di Kelurahan Tanjung Mekar, Kacamatan Karawang Barat. Prak-prakanana mah méh sarua. Ngan bédana téh di dieu mah anu ditanggapna lain wayang kulit, tapi wayang golék.

Henteu kabéh Babaritan di Karawang dilaksanakeun sabada panén. Aya anu béda. Saperti anu sok dilaksanakeun di Désa Sekarwangi, Kacamatan Rawamerta.

Di dinya mah Babaritan téh dilaksanakeun unggal bulan Mulud. Acara dilaksanakeun di tempat anu dianggap karamat, patilasan atawa makam karuhun lemburna. Di Sekarwangi mah nya éta di makam karamat Ciguha.

Acarana méh taya bédana jeung nu lian. Peutingna tawasulan, anu dipungkas ku pagelaran wayang golék.

Baca Juga:  Intensitas Hujan Tinggi, Jalan Desa di Purwakarta Amblas

Di Kuningan ogé aya acara Babaritan. Di dinya mah disebutna Babarit. Maksudna sarua, runtuyan acarana ogé méh sarua. Waktuna biasa dilaksanakeun tanggal 1 Suro atawa 1 Muharam, sarua jeung di Pangandaran.

Ngan aya bédana di Kuningan mah, saperti anu sok dilaksanakeun di Désa Sagarahiang, Kacamatan Darma.

Acara dimimitian ku meuncit domba kendit, minangka panulak bala. Tempatna anu biasa di balé désa. Terus jarah ka makam karuhunna nya éta makam Embah Béwo jeung Syéh Maulana.

Réngsé jarah dipungkas ku Ujub-ujub nya éta ngahaleuangkeun lagu kawih Sunda buhun ku sindén atawa ronggéng.

Di Kuningan kiwari Babarit geus dijadikeun agénda taunan dina acara ngareuah-reuah milangkala Kabupatén Kuningan. Diwuwuhan ku hélaran gugunungan tumpeng jeung upacara adat kawin cai, jeung sajabana. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.