Carita Rayat Banten: Sasakala Selat Sunda

Dipindo catur ku: Budi Rahayu Tamsyah

Jaman baheula di Pulo Jawa beulah Kulon, ngadeg hiji karajaan nu diratuan ku Prabu Rakata. Sang Prabu boga anak dua. Anu cikal Radén Sundana, anu bungsu Radén Tapobrana. Harita mah Pulo Jawa jeung Sumatera téh masih kénéh ngahiji.

Ku sabab Prabu Rakata geus kolot pisan, terus masrahkeun karajaan ka anak-anakna. Karajaan téh dibagi dua. Anu belah Wétan dipasrahkeun ka Radén Sundana, ari nu belah Kulon ka Radén Tapobrana.

Sabada ngabagi nagara, sang Prabu undur ti karaton, ngabagawan di hiji tempat anu aya di tapel wates nagara nu dibagi dua téa. Undur ti karaton téh, éstu teu mawa nanaon, iwal ti guci pusaka titinggal karuhunna.

Baca Juga:  Pemberian Vaksin Covid-19 Untuk Nakes Cianjur Ditargetkan Rampung Pekan Depan

Hiji mangsa dina taun kagenep, Sang Prabu ngadéngé yén Radén Sundana jeung prajurit nagarana, ayeuna keur ngarurug karajaan adina, keur ramé rebutan pati.

Sang Prabu teu kira-kira ambekna, ceg kana guci pusaka anu geus dieusian ku cai laut, terus mangkat ka médan laga. Kasampak dua anakna keur jogol ngadu jajatén. Sakurilingeunana paraprajurit keur perang campuh.

Nempo bapana datang, Radén Sundana jeung Radén Tapobrana kacida rareuwaseunana. Harita kénéh perang tandingna téh eureun.

Duanana gura-giru nyampeurkeun ka bapana, cedok nyarembah. Para prajurit ti dua pihakanana ogé areureun perangna.

Baca Juga:  Ramalan Zodiak Hari Ini Capricorn, Aquarius dan Pisces: Jangan Coba-coba Menasihati Orang Lain

Dua anakna anu sarila tarungkul marando, teu lémék teu carék. Nempo kitu, Sang Prabu nangtung, ceg kana guci pusaka téa.

“Kawasna kudu ku cara kieu ngawatesan nagri téh. Muga-muga baé hidep duaan bisa tiis tingtrim enggoning ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara masing-masing,” pokna.

Laju ngucurkeun cai laut tina guci pusaka téa sapanjang tapel wates nagri. Saterusna guci pusaka nu geus kosong téh diteundeun dina urut jogol anakna, maksudna mah pikeun peringetan.

Sabada kitu mah kakara Prabu Rakata balik deui ka tempat nyepénna.

Lila ti lila tapel wates nagara anu dikucuran cai laut tina guci pusaka téh ngajanggélék jadi selat, anu kiwari nelah Selat Sunda.

Baca Juga:  Predator Seks Ancam Bogor Tak Dapat Penghargaan Kota Layak Anak

Nu matak dingaranan Selat Sunda, alatan kasalahan Radén Sundana anu sarakah hayang ngapimilik nagara anu diratuan ku adina, nepi ka bapana nyieun cara pikeun misahkeun éta dua nagara diwatesanan ku laut.

Ari guci pusaka nu diteundeun dina tempat urut jogol Radén Sundana jeung Radén Tapobrana, ngajanggélék jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atawa Gunung Krakatau, ngalap kana ngaran Prabu Rakata anu boga éta guci. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.