Tradisi Papajar di Cianjur jeung Padalarang

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Di Cianjur mah upama nyanghareupan bulan Puasa téh sok aya nu disebut papajar. Ceuk sakaol, asalna tina kecap “mapag pajar”. Nya éta mapag poé dimimitianana puasa pikeun umat Islam.

Sajarahna baheula, papajar téh biasa dilakukeun ku para ulama di sakuliah Cianjur. Sakabéh ulama anu aya di Cianjur, dina ahir bulan Saban daratang ka Masjid Agung Cianjur.

Maksudna mah taya lian ti pikeun nganyahokeun iraha ngamimitianana puasa. Éta informasi awal puasa téh baris ditepikeun ka umat Islam anu aya di wewengkonna.

Para ulama kudu mondok moék di Masjid Agung, bari ngadagoan béwara ti Imam Kaum. Saré jeung dahar bareng di dinya. Éta anu disebut mapag fajar téh, anu terus robah jadi papajar.

Baca Juga:  Yana Mulyana Siap Jadi Relawan Uji Klinis Vaksin Covid-19

Kaom muslimin harita, henteu kawas ayeuna, meunang informasi ngamimitian puasa téh kawilang héséna. Sarta moal daék ngamimitian puasa, lamun taya béwara resmi ti Imam Kaum, anu biasana Panghulu Kabupatén.

Kabiasaan papajar di Cianjur jeung sabudeureunana, masih kénéh aya nepi ka kiwari. Ngan robah prak-prakanana. Lain di Masjid Agung, jeung lain ulama deuih anu ngalaksanakeunana ogé. Ngan nginjeum istilahna wungkul, nya éta papajar.

Di sawatara wewengkon di Cianjur, istilah papajar méh taya bédana jeung cucurak, botram, atawa papaharé (di Wanayasa). Ngan bédana téh dina papajar mah disiapkeun jauh ti saméméhna. Biasana mah pisaminggueun deui kana munggah.

Baca Juga:  Simak! Kadisdik Kabupaten Bandung Beri Pemahaman Sekolah Belum Tatap Muka

Ari tempatna, cukup ku di buruan baé. Mun teu kitu indit ka tempat wisata anu teu jauh ti lemburna sarta kaitung merenah dipaké balakécrakan. Upamana baé di tempat anu aya di sabudeureun Bendungan Cirata, saperti Jangari jeung Calincing.

Upama sapuk kudu kaluar ti Cianjur, biasana mah anu dipilih téh Bendungan Saguling jeung Palabuan Ratu.

Papajar ogé aya di wewengkon Padalarang. Prak-prakanana mah teu béda ti papajar anu aya di Cianjur. Ngan umumna ari urang Padalarang mah, tara jauh ti lemburna.

Tradisi papajar kungsi diropéa jadi hiji pintonan ku para seniman Kabupatén Bandung Barat. Lain ngan saukur curak-curak balakécrakan, tapi ogé diwuwuhan ku rupa-rupa pintonan kasenian Sunda.

Baca Juga:  BKKBN Jabar: Peserta KB Pria di Garut Capai 225 Persen

Tempatna di Situ Ciburuy, Padalarang. Malah aya kasenian hélaran sagala, nya éta kasenian anu sok dipaké pawéy ngurilingan Situ Ciburuy.

Kiwari papajar ogé masih sok dilaksanakeun ku masarakat. Sarua jeung botram atawa cucurak baé, pamilonna ngalegaan ambahanana. Lain ngan saukur masarakat di hiji lembur, tapi ogé anu sapagawéan, sasakola, jeung sajabana.

Malah taun kamari mah aya travel anu ngayakeun acara tour papajar ka Ciater jeung Palabuan Ratu. Tangtu wé henteu haratis. Papajar geus jadi salasahiji pakét wisata. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah