Basa Kirata anu Béda jeung Kecap Memet

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Kirata téh hartina “dikira-kira sangkan nyata”. Ngaranna ogé dikira-kira atuh; bisa enya, bisa henteu. Mun ceuk basa dukun mah, babalédogan; bisa meneran, bisa ogé nyalahan.

Di batur mah, upamana baé di Jawa, basa kirata téh aya élmuna anu husus patali jeung kapercayaan atawa kayakinanana. Nepi ka sok aya nu nyurahan hiji perkara ku kirata. Upamana anu patalina jeung sajarah.

Di Sunda mah sayaktina henteu nepi ka kitu. Ciri sabumi cara sadésa téa, unggal sélér bangsa miboga kabiasaan, kayakinan, jeung kapercayaan anu teu sarua. Teu bisa disaruakeun.

Pikeun urang Sunda, basa kirata téh dianggap kaheureuyan. Anu matak remen kapanggih dina bobodoran calung, réog, jeung sajabana. Malah sok jadi bukur catur dina wangkongan sapopoé. Maksudna, tangtu wé keur ngahudang pikaseurieun.

Contona baé kecap “korsi”. Sacara étimologis, éta kecap téh asalna tina basa Arab “kursiyun”, diserep kana basa Sunda jadi “korsi”. Ari disurahan maké basa kirata mah jadi lain. Korsi téh cenah “cokor di sisi”.

Baca Juga:  Gara-Gara Tisu Magic, PSK Asal Karawang Dibunuh Pelanggannya

Contona séjénna kecap “supir”, anu asalna tina basa Perancis “chauffeur”. Disurahan deui ku kirata, majarkeun téh cenah “asup ti gigir”.Conto kirata anu kawilang papulér di urang:

  • buras = bubur heuras
  • calana = dipancal salilana
  • cangkir = panyangcang pikir
  • cileuh = kecil-kecil tapi geuleuh
  • dasi = dina dada ngarah aksi
  • déwasa = gedé wadah sanguna
  • dongéng = ngabobodo budak céngéng
  • doraka = udar-ador di naraka
  • dosa = meledos teu karasa
  • guru = nu kudu digugu jeung ditiru
  • jelema = merejel tina beuteung ema
  • pantun = nu mawa papan bari ditungtun
  • sarung = ngagalasar kana irung
  • sémah = ngahésékeun nu boga imah
  • tampolong = tumpa-tempo ka kolong
  • tandur = nataan bari mundur
Baca Juga:  Liverpool vs Atletico Madrid: Oblak Hempaskan Adrian

Anu rada béh dieu, loba kirata anu ramé di kalangan mahasiswa nya éta ngaran-ngaran paguron luhur. Di antarana:

  • ITB = Institut Tilas Bung Karno
  • ITB = Institut Tatangga Binatang
  • Unisba = Universitas Sisieun Balubur
  • Unpad = Universitas Pangkalan DAMRI
  • Unpas = Universitas Payuneun Sasak
  • UPI = Universitas Patilasan IKIP
  • UPI = Universitas Padahal IKIP

Kiwari geus aya deui baé kirata anu kawilang anyar, éta mah dicokotna tina singgetan.

  • ATM = Artos Tina Mesin
  • BH = Beungkeut Harigu
  • DO = Dititah Ongkang-ongkang
  • DP = Duit Pamanjer
  • HP = Haréwos Patebih
  • KO = Kéok Ogé
  • KRD = Karéta Riweuh Diuk
  • OTW = Oh Tungguan Wé
  • SMS = Susuratan Mahi Saeutik
  • UTS = Ujian Teu Serieus
  • UAS = Ujian Anu SerieC = Wayahna Cingogo

Urang Sunda mémang beuki heureuy, salian ti beuki sangu jeung lalab téh. Aya hiji deui kabeukina téh, tapi éta mah kabeuki saréréa.

Ngan kadé, ulah pahili jeung kecap memet. Ari kecap memet mah wancahan (singgetan atawa akronim) tina sawatara kecap, anu dicokot sabagian tina kecapna dijadikeun sakalimah.

Baca Juga:  Tiga Jenis Buah-buahan yang Kurang Nikmat Jika Dijadikan Jus, Cocok Dimakan Langsung

Contona “comro” wancahan tina “oncom di jero”. Anu kitu mah lain kirata, da henteu dikira-kira. Nyatana mémang kitu.

Conto kecap memet (akronim jeung singgetan) séjénna:

  • batagor = basa tahu digoréng
  • cilok = aci dicolok
  • ciréng = aci digoréng
  • géhu = togé jeung tahu
  • gurilem = gurih jeung pelem
  • hucap = tahu jeung kecap
  • misro = amis di jero
  • sukro = suuk di jero
  • RO = ranginang oyék
  • TO = tutug oncom

Éta mah sarua jeung:

  • babinsa = bintara pembina désa
  • kadés = kepala désa
  • hansip = pertahanan sipil
  • tilang = bukti pelanggaran
  • ABRI = Angkatan Bersenjata Republik Indonesia
  • TKW = tenaga kerja wanita
  • SMP = Sekolah Menengah Pertama

(Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah